Asyiiiikkk.. Buku uing dibaca Om Agum, euy..!!
Paling henteu anjeunna pasti nanya: "Saha 'Satria GPK', teh?"
Tah mun bener nanya siga kitu rada wajib ngundag kuring salaku nu boga ngaran, jeung MJ nu nyieun singkatanna jang klarifikasi. Pan jaman ayeuna mah mun teu klarifikasi teh sok teu rame, lin?
 
Ngomong-ngomong, poto Om Agum keur di mana?
 
Om TEDDY
nu boga gelar "Satria GPK"
----- Original Message -----
From: mj
Sent: Monday, May 17, 2004 9:35 PM
Subject: [UrangSunda] naha AGUM GUMELAR


Enya, sababaraha poe katukang si kuring ngajagoken SBY, terus AMiEN RAiS. pangpangna mah sabab US can kadenge aya nu mucunghul. sanajan cawapres.

beh dieu, HH muncul ngajak Agum. nya atuh otomatis, si kuring leuwih cocog pro Agum. alesana? teu kudu nanya Galileo...

1. Agum Gumelar kungsi nyabak buku produk YP KUSnet, SURA SEURI SIGA SERO (4S). basa AG ka UI, kang Rani masihan hiji buku eta. difoto deuih...tah ieu gambarna di atachmen.

2. Agum terah Tasik. Tasik basis NU di jabar. HH urang NU oge. Klop!

3. soal HH istrina tilu atawa opat, ceuk ageman urang, kaci. bari teu disumputsalindungkeun. ditulis dina KOMPAS. haha. BUNG KARNO oge baheula duka sabaraha hiji istrina....

4. tapi mangga teh teuing, boga hak sewang-sewangan. ngan teungteuingeun we atuh mun teu milih urang sunda deui mah. nya ari  ngarasa sugema jadi semah di negeri sorangan mah......

5. wani teu nyoba. cik ngajaran boga presiden jeung wapres lain urang jawa. da lima tau mah teu lila. komo ayeuna mah proses ngalengserkeun presiden teu hese. cenah ceuk amin rais tadi peuting di transtv......


Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id




Mj

http://geocities.com/mangjamal


Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke