tadina mah rada reugreug basa Kang Agum dilamar ku AR, pilihan teh geus moal kamana-mana deui, sugan bisa ngelehkeun SBY-JK atawa WRT-SW nu warna militerna rada pikahariwangeun, ari pek teu jadi cenah da rame diwartakeun bade janten ketua Mega Center...
ari ayeuna bet janten CAWAPRES ti HH, duka kumaha ngetangna sareng naon bedana jadi WAPRESna AR jeung WAPRESna HH...
tapi sapuklah kumaha ceuk MJ, nu penting mah urangsunda !!!
ngan rada palaur yeuh mun AR-SYH atawa HH-AG euweuh nu bisa tembus ka babak kadua (ku lantaran suara-na pecah), milih nu mana nya ? wiranto jeung cendana wae kitu ?!
 
 
 
^_^
 
----- Original Message -----
From: mj
Sent: Tuesday, May 18, 2004 12:55 PM
Subject: Re: [UrangSunda] Tim Kampanye Capres-Cawapres

Agum teu dina kondisi milih. manehna dipilih. ari milih mah kudu boga partey jeung parteyna lulus treeshold. teuing naon atuh eta teh. loba nu ceuk koran tv, hawar2 nanya agum. nya agum ngajawab khas tentara. siap jadi nanaon oge da si eta mah urangsunda. ngiringan we. nu penting jang kamaslahatan nagara.

kungsi AG rek milu konvensi golkar, tapi teu jadi. sabab masih keneh make paragidma lama tea cenah. kaasup gizi meureun.

noongna kieu: mun Agum goreng, meureun ti jaman Habibie keneh moal dipilih jadi menteri! gus dur make, mega make. teuing paktor jendral, teuing paktor sunda. teuing....



Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke