Sapuk MJ, 

Ayeuna waktuna boga pamimpin (minimal wakil presiden) US pituin. 
Soal kalemahan tentara mah teu Agum, teu SBY, kabeh oge kitu da 
dicitakna siga kitu.

Soal karir salila jadi menteri di ieu nagri heunteu aya anu beres da 
sistem pagawe nagrina lain dirancang keur nanjeurkeun prestasi, tapi 
keur ngalanggengkeun kakawasaan pamimpinna (presiden). Ieu anu tacan 
direformasi.

Heunteu aya anu nyebutkeun prestasi Agum sejenna? Coba ilikan album 
pagelaran budaya Sunda. Aya kawani Agum mintonkeun budaya Sunda dina 
tv: Semalam di Kampung Sunda. Sakitu noelna kana ati loba pamirsa 
eta acara, tepi ka Sultan Yogya ngangkir sutradarana, Kang Aat 
Suratin, ka Yogyakarta pikeun mamaprinan bongbolongan: Sultan hayang 
nyieun acara sarupa ngeunaan budaya Yogya/Jawa Mataraman.

Cag,
manAR

--- In [EMAIL PROTECTED], mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> Didieu lain tempat jang kampanye SBY. da alus2 oge urang jatim. 
persebaya. kusnet mah negeri persib! 
> 
> soal reputasi, haha. reputasi duanana oge, Agum jeung SBY, sabab 
duanana tangtara. naha bet jadi pelindung srimulat, sabab gembong 
srimulat menta ka agum. ari US mah rada individualis.
> 
> perkawis kareta deui, ti jaman menhubna Danutirto, loba kareta nu 
cilaka kapal nu murag. lain salah menterina. 
> 
> Ceuk saha ngan SBY wungkul teu nasionalis? kabeh tangtara oge 
dicitak jaradi nasionalis! justru Tantara US nu pangnasionalisna. 
Siliwangi lain tangtara jawa barat, tapi tangtara nasional. nu 
nyanghareupan Kahar Muzakar, saha? nu nyanghareupan GAM saha.
> 
> maca buku SBY kaci jeung alus, tapi kudu dibeuweung diutahkeun. 
teu kudu naon nu kuurang dibaca, eta nu pangbenerna. ulah naon nu 
ditulis didinya langsung diaminan. SBY keur jaman karusuhan MEI jadi 
naon? kamana manehna? reputasi naon? jenderal mah kabeh oge baroge 
reputasi. hihihi
> 
> soal komitmen capres cawapres, nu gelo meureun nu teu boga niat 
rek ngawangun nagara dina sagala widang....
> 
> buruk-buruk papan jati. ceuk aing sunda sunda..!
> 
> At 10:22 AM 5/15/04 +0000, you wrote:
> >Punten, 
> >sanes kuring teu ngarojong US mun makalangan dina arena pulitik 
> >nasional. tapi dasarna kuring teu ngadukung kang Agum teh nyaeta: 
> 
> Mj
> 
> http://geocities.com/mangjamal



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor ---------------------~-->
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
---------------------------------------------------------------------~->

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
     http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
     [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
     http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke