He he he, kapanggih ayeuna mah. Eta dina milis teh sok
sering aya RIT-RIT kitu. Geuning ieu maksudna teh
RI-Tulalit nya bah Willy. 

Naha iraha atuh nya ieu nagreg teh warasna. Hahargaan
terus naek, listrik, telepon, ayeuna BBM nya. Jeung
deui mani jiga nu gering parna komplikasi kacida
deuih. Bulan kamari kuring nyelang balik kalembur,
ngan sempet  dua poe nruriling Bandung-Garut. Terus
miang deui ka Bandara Husen. 

Harita teh rada isuk keneh miang teh, bisi macet
pikiran teh. Na ari lebah jalan asup ka Husen, taksi
teh teu meunang asup. Nguriling ka jalan lain sarua
keneh teu meunang asup. Kudu naek ojeg cenah. Kapaksa
naek ojeg, bari ngagigiwing koper. Cek-in di bandara,
kudu make foto-copy pasport cenah. Haramjadol, naha
keur nanahaon pasport kudu di-copy sagala. 

Kapaksa neangan tukang foto-copy. Ari nanyakeun ka
pagawe didinya, teu aya tempat fotocopyna cenah, aya
oge jauh cenah sakiloan ti Bandara, kedah muruhkeun ka
petugas cenah. Atuh gorehel deui biaya tak terduga
teh, da puguh fotocopy spesial tea hargana oge. 

Berekah lieur mikiran lembur sorangan teh. Naha Pemda
teh kitu peta, Bandara Husen geus jadi pangeunteupan
tatangga. Naha teu era kitu. Lieur lah.

--- Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Ribut-ribut soal capres sareng wacapres, perhatosan
> sarerea tumplek sadayana
> kadinya, kalebet para pamimpin nu mimpin nagara
> Republik tulalit ieu.
> Padahal ayeuna harga minyak didunya parantos
> ngalangkungan harga 41 dollar/
> barrel nu efekna lain saeutik kana perekonomian
> Indonesia. Lamun  teu salah
> mah APBN 2004 disusun make asumsi harga minyak 22
> dollar/barrel, jadi geus
> naek ampir dua kali lipat ti asumsi. Jadi upami
> harga minyak terus-terusan
> mahal, .....teu kabayang kumaha yeuh kaayaan urang
> kahareup? Manawi aya
> "urang ekonomi" anu langkung terang?
> 
> -BahWilly-
> 
> ----- Original Message -----
> From: "eko107" <[EMAIL PROTECTED]>
> To: <[EMAIL PROTECTED]>
> Sent: Friday, May 21, 2004 8:00 AM
> Subject: [UrangSunda] Re: Profile AGUM GUMELAR
> 
> 
> > Ha ha.......Uing urang tasik euy, kang AG bener
> kitu eta
> > teh.....enya uing ge maca dikoran cenah undian eta
> teh geus dimulai.
> > Ke ari undian eta aya persetujuan ti DPR teu ?
> lamun aya persetujuan
> > ti DPR, kamarana eta anggota DPR teh anu cenah mah
> repotnasi jeung
> > teuing naon deui lah ngarana ngajarentul waenya ha
> ha.......nyaeta
> 
> 
> 



        
                
__________________________________
Do you Yahoo!?
Yahoo! Domains � Claim yours for only $14.70/year
http://smallbusiness.promotions.yahoo.com/offer 


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor ---------------------~-->
Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70
http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
---------------------------------------------------------------------~->

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
     http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
     [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
     http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke