Ceuk cenah, kilang minyak nu aya di nagara urang, mroses minyak atah ti nagara Aab, terus ari minyak atah ti nagara urang mah malah dijual kaluar, da cenah kualitasna leuwih alus. Duka atuh jadi pabaliut kitu. Minyak atah produksi urang oge cenah mah teu bisa dijieun minyak solar atawa minyak tanah. Solar jeung minyak tanah nu dijual di nagara urang sadayana oge hasil impor. Jadi sanajan minyak atah naek hargana dipasar Dunya, Indonesia mah tetep rugi, da kudu ngimpor BBM terutami solar jeung minyak tanah. Lamun minyak atah turun, tetep oge rugi, da penerimaan nagara jadi kurang .........hehehehe.......... naha jadi lieur kieu nya?
-BahWilly- ----- Original Message ----- From: dudi To: [EMAIL PROTECTED] Sent: Friday, May 21, 2004 1:51 PM Subject: Re: Minyak 41 dollar/ barrel euy! --> Re: [UrangSunda] Re: Profile AGUM GUMELAR Perkawis minyak lantung anu hargana melambung, saliwat mah leres kuduna mah kwas anu diprediksi ku Mang Je. Mung raraosan mah ayeuna pamarentah tos dijebak ku tukang dagang. Ayeuna mah minyak urang pajarkeun teh diexport kusabab kualitetna alus, terus urang kudu meuli minyak ti pasar internasional ku alesan goblaisasi jeung wto tea, jadi lamun pamarentah hayang netepkeun harga bbm dalam negri sapertos ayeuna APBN kanggo subsidi bbm kudu ditambah lamun henteu harga bbm didalam negri kudu dinaekeun, rakyat kudu siap-siap ngala suluh deui kaleuweung, leuweungna geus gundul nu matak banjir akhirna rakyat jadi lieur! kawas kuring.... he... he... ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor ---------------------~--> Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70 http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM ---------------------------------------------------------------------~-> Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

