Saur sepuh mun milih pijodoeun teh kedah terang bibit bebet bobotna, mun ningal kadinya, upami AG nampi lamaran HH pikeun "ngalaki rabi" panginten AG teh lepat milih pijodoeun! Cobi kapungkur nampi kedipan manisnya pa AR, pasti dina waktosna resepsi ping 5 juli payun, Insyaallah seueur ondangan nu hadir, Insyaallah seueur nu ngawilujengkeun, pastina ge seueur nu ngawuran dina pas saweran boh ku US atanapi kunu sanesna.
 
Ngan hanjakal kartu ondangan sakedap deui bade dicetak,malihan ping 1 juni tos kedah disebar, tenda biru tos dipesen,KUA tos dipaheutkeun yen HH leres leres bade ngadahup ka AG, sanajan enya siga "kawin gantung" lantaran kanyataana teu acan aya restu ti calon mitoha. 
 
Tah ayeuna saur sepuh deui " tong sacolok colokna mun sanes colokeunana " saur teh Ani mah sagalak galakna maung moal milu nyolok dina waktosna ! leres kitu teh Ani ? hehe /SR
----- Original Message -----
Sent: Tuesday, May 25, 2004 7:56 AM
Subject: RE: [UrangSunda] Edasssss !!

Sumuhun seja ngadwuh nun, upami Apa anu dicalonkeun janten presiden na abdi seja nyoblos moal ham-ham tur hariwang hehehehe....
 
-----Original Message-----
From: Siddik Wiradireja [mailto:[EMAIL PROTECTED]]
Sent: Monday, May 24, 2004 7:34 PM
To: [EMAIL PROTECTED]
Subject: [UrangSunda] Edasssss !!

Naaaaaa !!, mani hararese-hararese teuing diajak nojos HH+AG teh ..!!, tinggal jos !!!!! bae...!!!, pedah eta cenah HH + AG teu klop jeung lelembutan.... !!!!!!!, na hese-hese teuing tinggal gejos !!! sakali deui nojos Capres+Cawapres sejen anu dijagokeun!!!.
 
Niatna : Niat kaula nojos HH+AG sabage pangbakti kaula ka US !!!,   


Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke