Ceuk kuring mah nanjeurna Ki Sunda teh, teu cukup ku
Presiden kudu Urang Sunda. Keur nanjeurna Ki Sunda,
jigana kudu nepi ka ayana kelembagaan anu ngaturna.
Urang ninggali conto kelembagaan urang Malayu geura.
Dina sistem kelembagaan urang Melayu, rahayatna teh
didefinisikeun kieu: Warga Negara, Bumiputra, Melayu,
Orang Asli, Sabah/Serawak, Cina, India, jeung nu
lianna. Lamun digambarkeun make diagram jiga kieu
definisina teh.
+-------------------------+
| Warga Negara |
| +---------------------+ |
| | Bumiputera | |
| | +----------+ | |
| | |Orang Asli| | |
| | +----------+ | |
| | +-------------+ | |
| | |Sabah/Serawak| | |
| | +-------------+ | |
| | +-------------+ | |
| | |Melayu | | |
| | +-------------+ | |
| +---------------------+ |
| +---------------------+ |
| | Cina, India, dll. | |
| +---------------------+ |
+-------------------------+
Tah diagram di luhur teh aya bungkeuleukanana dina
sistem kelembagaan Urang Malayu. Teu jiga anggaran
nyieun masjid di urang. Ceuk Kang Haji UU cenah dina
PR biaya keur masjid teh aya runggunukna di APBD, sok
sanajan masjidna aya.
Ku ayana kelembagaan tea, atuh pastina oge bakal aya
hak sarta kawajiban anu beda. Ari nu disebut Melayu,
nya urang Malayu Islam tea. Tah dina sagala kawijakan
pamarentah teh urang Melayu mah boga hak istimewa,
contohna: kuota sakula ka Universitas, Tanah Rezab
orang Melayu, share saham Perusahaan. Jadi engkena teh
bakal kieu, sakitu persen urang Melayu kudu asup ka
Universitas, sesana sakitu persen. Ari Tanah Rezab
Melayu maksudna, tanah eta teh jadi hakna urang
Melayu, jadi teu Meunang dijual ka warga lain. Jadi
lamun diurang aya Tanah Rezab Urang Sunda, moal
kajadian Tanah Parahyangan loba nu kapimilik ku batur.
Jadi teu hariwang JATI KASILIH KU JUNTI teh.
Kitu deui share saham perusahaan. Jadi di mana-mana
perusahaan, milik saha wae, kudu aya saham nu
diancokeun keur urang Malayu. Malah dina praktekna
mah, umumna jabatan direktur mah sok Urang Melayu. Da
eta meureun ngarah urusan hubungan ka karajaan jadi
leuwih gampang. Jiga diurang baheula meureun, jigana
ayeuna oge masih, pan lamun organisasi teh, sok aya
perwira tangtarana.
Atuh keur ngahontal jiga kitu teh, meureun lain gawe
leutik. Pan cenah anggota DPRD Jabar teh kabuktianana
70% lain urang Sunda. Meureun kudu aya proses anu
soson-soson keur pencerahan ka para nonoman Sunda nya.
Wallahualam.
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70
http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/