Pelajaran bahasa cirebon

Di wewengkon kab. cirebon kueur budak sakolana ayeunamah aya mata pelajaran
anyar nyaeta pelajaran basa Cirebon sagigireun pelajaran basa sunda nu tos
lami aya. Ku ayana pelajaran basa cirebon skor teh meuren jadi 1:1. Naon
hubunganana pelajaran basa cirebon jeung skor 1:1. Kieu hubunganana. Di
cirebon pan aya masarakat nu bisa basa sunda wungkul aya oge nu bisa basa
jawa wungkul. Nu bisa duanana oge loba. Nah jamana sim kuring sakola sok
karunya ka babaturan sakelas anu teu bisa basa sunda tapi kudu diajar basa
sunda asa heseun pisan diajarnateh. Ayeunamah jadi 1:1 sabab nu teu bisa
basa cirebon  ayeunamah kudu diajar basa cirebon di sakolana. Siga pun adi
anu kelas 3 sd. Manehnateh teu bisa basa cirebon tapi ayuena kudu diajar
bahasa eta atuh si kuring wae nu katempuhan jadi tutorna di rorompok.

Nb;
Basa cirebon teh istilah kanggo bahasa jawa anu berkembang di wewengkon
cirebon. Bahasana beda sareng bahasa jawa anu aya di jawa (jateng dan jatim)
kulantaran meureun tos campur baur sareng basa sunda. Istilah kang gunawan
mah bahasa campuran (jawa jeung sunda).

Wasalam,
DURAHMAN



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
     http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
     [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
     http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke