saleresna koncina mah 'merenah'. ngalarapkeunana merenah jang saha-
sahana. dibagi dua, merenah jeung loma, dumasar kana etika basa. loma 
teh jang nu geus dianggap deukeut, akrab, siga jeung babaturan tea.
da sanajan pangkat jendral atawa rakeyan (hehe...cenah mah paguyuban 
pasundan masihan gelar eta ka us nu berjasa ngamajukeun kabudayaan 
sunda), ka babaturana nu loma mah pan sok biasa make basa loma, 
akrab. kaasup basa kasar nu biasana jang sato. tapi kade, di jepang 
mah Sato teh nami lalaki -taros ka kang Budhi. Sato-san, mr. Sato. 
heheh...

basa merenah utamana jang saluhureun oge dina nempatkeun kecap 
panganter sarupaning pun, tuang.

pun biang, pun bapa (hartina my mother, my father), ngandung 
harti 'milik nu nyarita'. ari milik nu batur mah, atawa nu keur 
diacak nyarita, make tuang, hartina 'nu anjeun', siga tuang rama, 
tuang rai...

tapi kade, tuang jengkol mah sanes jengkol nu anjeun...tapi dahar 
jang saluhureun -umur, oge posisina terhormat dina hate urang (bapa 
ema, lanceuk, nini aki, oge pujaan hate, kabogoh jeung urut 
kabogoh....), utamana jelema. ari munding atawa jerapah mah sanajan 
saluhureun awakna, keukeuh we baranghakan. hehe

oge sim, sim kuring, sim abdi. sim A, B, C. eh, eta mah izin 
nyupiran..


--- In [EMAIL PROTECTED], "durahman" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> aeh...jadi tinggal dua kelompok basa sunda ayeunamahnya. Basa sunda 
merenah
> sareng basa sunda loma. Ari kapungkurmah basa kuring masih sakolo 
di smp mun
> teu lepat mah aya tilu;
> 
> 1.basa sunda lemes-keur jelma saluhureun (pangkat, kedudukan, 
sareng umur)
> 2.basa sunda sedeng-keur nyarios sareng anu saumur/sapapak darajatna
> 3.basa sunda kasar-keur nyarios ka sato
> (leres kitu?)
> 
> Wasalam,
> DURAHAN
> 



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70
http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
     http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
     [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
     http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke