hayu.... carana kieu, baraya kusnet posting, sunda-indonesia-inggris, ku nu sanes ditambahan atawa dihadean, ke ku kang eko diampihan/dilebetkeun kana program. tiasa sigaan nebeng di web kusnet, urang-sunda.or.id nya.
inggris: kapungkur di london aya urang tasik, produser bbc, kamana nya. bah joe di nyc, teh netty di texas, oge nu sanes nu apal. inggris mah sigana seueur, basa komputer ge pan inggris. dina subject tulis: (kamus) terus eusi ku abjad entry. siga kieu subject :(kamus) D daging: daging, meat, flesh nu kahiji, sunda, kadua indo, katilu inggris (eta conto, kumaha saena sareng gampangna mun dilebetkeun kana program) nya upami langsung online, seug dibejaan carana, nyicil bae ngalebetkeun kecap2 nu inget, ku saha bae nu keur salse bin nganggur. malah basa Jerman oge tiasa. aya kang Irfan. Austria oge asana basa jerman, sugan kang Mike Ontohod tiasa, oge teh Kania. korea oge aya kang Yaya oge kang Siddik,jepang aya kang budhi urang ciamis, ngan hurupna hese sigana milarianana di komputer di indoneisa mah...haaha... At 09:29 AM 5/26/04 +0000, you wrote: >Mang j ari ngadamel program kamus na mah gampil saleresna mah mung >anu ngeusian kecap-kecap aya nu kersaeun atanapi henteu. >Eh ketang urang keprukeun we atuh baraya nu aya di kusnet sugan >saditen sakecap dua kecap mah, ari dikempelkeun mah sigana janten >seueurnya. > >@ERN Mj http://geocities.com/mangjamal ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70 http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

