Ngiring nambihan ngenaan  aksara sunda hanacaraka :
maos buku Gandasari jilid ka V taun 1949 karangan R Rg.Sastraatmadja, aya dongeng ngenaan Hanacaraka ieu teh pangeling ngelingna Adji Saka anu madeg raja di medang Kamulyan anu dipigusti saeusi nagri, anjeuna gaduh dua rencang(ponggawa) anu sakitu satiana ka anjeuna.
Pikeun jadi tawis pangeling ngeling kana kasatianana sareng katuhuanana eta dua rencang, nya Lajeng Adji Saka nganggit berendelan aksara sunda anu jadi cacarakan, unggelna :
 
Hana tjaraka     anu hartosna        aya dua utusan
Data sawala     anu hartosna        dugi ka sawala rebut bener
Padadjajanja    anu hartosna         sami pada jayana
Maga batanga    anu hartosna        Wekasanana jadi babatang
 
tatan
 
-----Original Message-----
From: MSasmita [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Wednesday, May 26, 2004 3:00 AM
To: [EMAIL PROTECTED]
Subject: RE: [UrangSunda] Basa-tulisan Sunda

Aya.... Kang...!!
Kang Soni di Denpasar nuju ngabaladah, sugan we hasil pamaksadanana.
Kantos Kang Soni posting jenis huruf (font) Hanacaraka, harita seueur nu ngawartosan yen aksara Sunda sanes Hanacaraka tapi Ngalagena, nya sim kuring ngintun buku Ngalagena ka Denpasar, kanggo conto conto huruf (font)
Ngalagena di Perda-keun No.6 taun 1996.
Ka baraya sadayana anu peryogi buku Ngalagena aya di sim kuring (fotocopyna).
 
MSasmita
 
-----Original Message-----
From: durahman [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Wednesday, May 26, 2004 2:07 PM
To: [EMAIL PROTECTED]
Subject: Re: [UrangSunda] Basa-tulisan Sunda

Ari subjectna basa--tulisan sunda. Pas dibuka geuning eusina ngeunaan
jengkol. Ah..ken bae..bebaslah. Kumaha anu posting.

Balik deui ngeunaan aksara sunda. Sim kuring boga impian hiji mangsa aya
program komputer anu bahasa sareng aksarana nganggo basa sunda. Persis jiga
di jepang atawa di cina atawa di korea anu program komputerna tos nganggo
tulisan sareng aksara manehna sorang-sorangan. Tapi...impian teh tinggal
impian mun ti ayeuna mula euweuh nu ngamimitian proyek eta. aya kitu nu bade
ngarintis?


Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id





Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke