Anu kapikir ku kuring jiga kieu geura Kang Oman. Niat
YP rek nanjeurkeun kasundaan teh kedah dirojong ku
gawe bareng sareng pihak lianna. YP teh baris jadi
mitra paguron nu aya di tatar sunda, oge jadi mitra
masyarakat Sunda lianna.
Misalna wae dina widang panlungtikan kasundaan. Aya
tilu pihak anu kedah gawe bareng. Pihak kahiji YP anu
baris ngadamel rencana, panalungtikan naon wae anu
peryogi teh. Eta contona, kamari aya posting ti Ua
Sas, perkawis nyukcruk raratan Kujang. Conto sanesna,
aya ideu ngadamel Kamus Sunda-Indonesia-Inggris
elektronik. Janten di dieu YP teh kira-kira
'think-thank'-na panginten nya.
Tah pihak kadua paguron di Tatar Sunda. Pan paguron
teh tempatna para santri, anu salah sahiji kagiatanna
teh panalungtikan. Para santri di paguron teh janten
baris jadi 'pelaksana'-na, anu bakal ngalaksanakeun
rencana panalungtikan tea. Upami ieu skenario jalan,
pan kacida seueur manfaatna. Keur para santri eta gawe
teh bakal jadi tugas akhir manehna. Eta tugas akhir
teh atuh bakal jadi bahan rujukan keur nanjeurkeun
kasundaan tea.
Ari pihak katiluna, taya lian masyarakat Sunda
sadayana. Pihak katilu teh taya lian, anu baris
nyadiakeun waragadna. Contona, waragad ieu baris jadi
bantuan waragad pikeun panalungtikan ulikan kasundaan.
Atuh tangtos pihak katilu teh kedah dipilah-pilah
deui, mungkin wae anggota kusnet, para pajabat, para
sodagar, sareng para-para anu sanesna.
Atuh salajengna tangtos kedah aya cara kumaha
nepung-lawungkeun eta tilu pikah teh. Hal ieu tiasa
wae dilaksanakeun ku ngayakeun seminar, rapat,
misalna.
Wallahualam.
MH
--- o_arahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Kang Hasan, anu didugikeun ku salira nuju diemutan
> ku pangurus. Insya Alloh, hal eta baris jadi eusi
> salah sahiji kagiatan tina hiji program, bagian
> sasaran stretjik, tujuan stratejik, misi sareng visi
> YP.
>
> Pikeun ngawujudkeun hal eta, anu diperlukeun pisan
> ayeuna (prioritas) teu aya sanes midamel "pemataan"
> atawa gambaran saha-saha sareng naon bae anu tiasa
> dilakukeun ku masing-masing anggota. Pikeun hal eta,
> para pangurus YP bade ngawitan komunikasi khusus anu
> leuwih jero (depth), via japri, sareng masing-masing
> anggota. Nya sarupi midamel direktori "who is
who"-na
> anggota Kusnet/YP.
>
> Bral.
>
> Baktos,
> manAR
__________________________________
Do you Yahoo!?
Friends. Fun. Try the all-new Yahoo! Messenger.
http://messenger.yahoo.com/
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/