kamari, pasosore (edas) ka Gedong Kasenian Rumentang Siang teh, teu 
dihaja da ka kampus heula, ari kedahna pan tbh 12 acarana teh, ari 
ieu jam 1/2 3 nembe zol, lapar eung.. kukurubukan we sapanjang jalan, 
barang jol ngeusi buku tamu, eta geuning nu janten pager ayuna 
nganggo raksukan persis setelan ka ondangan, ari direret geuning neng 
An-an, mahasiswi UPI entragan 2000, mani geulis neng An-an teh eung, 
sasalaman we da lawas tilawas teu tepang, ari nu naros teh pasti 
we "Kamana wae atuh, lawas tilawas......"  kitu deui kitu deui, tapi 
da rumasa memang tara kamana2 saprak loba kagiatan mah.. heuheu.. 
sanggeusna ngeusi buku tamu, ngahaja alamatna teu ngeusian PAMASS-
UNPAD, da seueur barudak entragan ngora ngeusina teh eta, ari abi mah 
Wasta Pupi ti KUsnet, nawis we.. heuheu..
Bari dipasihan mangle heubeul, sareng majalah Pakansi, da ari Galura 
mah tos seepeun tatadi ge panginten.. ngaharewos we ka neng An-
an, "An, da abi mah lapar.. aya keneh sangu teu?" (ma'lum ti kampus 
langsung ngadioos ka Rmntang Siang) ari pokna teh "Aya tumpeng mangga 
we teras ka lebet"... Waahhhhh sik euy.. hehe
Di panto tepang sareng kang Agus Suhe, biasa narosna teh "Kamana 
wae?" tos teu aneh.... mangga atuh lajengkeun kana tumpeng, kaleresan 
deuih ku bu Ruhaliah dipiwarang langsung kana tumpeng... 
tungtungnamah nyelebek we, untungna nuju biantara Pa Duduhna, 
dipoekan... janten cecelebekanna beuki pogot bakating ku lapar tea... 
Uleman mani rempeg, pinuh sa-Rumentang Siang, wah resep eung... asa 
nembean ningal Rumentang SIang pinuh kawas kamari..
Diteraskeun ku Gunem Catur eusining buku Ajalna sang Bentang Pilem 
karya Pa Duduh, nu medar: kang Hawe, kang Cecep Burdansyah, sareng 
hiji deui teu apal namina.. 
Tos kitu teras we Teater Laskar Panggung.. rame!! sareng Te-O-Pe..
Teras ngocok undian tina nomer buku tamu, da tamuna aya panginten 
kirang langkung 300 urang mah, seuseueurna nu kenging hadiah tina 
undian teh adi2 angkatan, pamass deui pamass deui.. heuheu, bari abi 
mah teu kabagean, padahal mah hadiahna buku2 terbitan Kelir, sararae 
bukuna.... hanjakal bengkok tikoro da teu kabagean hiji2 acan..

Mung naha nu ti Kusnet mani teu aya, aya oge kang Cece Hidayat, kang 
Darpan, kang Dhipa, kang Dadan Sutisna, saha deui nya?? kang Usman 
Supendi ge aya..

Tos ah.... 


~Pupi~



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70
http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
     http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
     [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
     http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke