indonesia cenah nagri anu gemah ripah loh jinawi ... nagara pangbeungharna sadunya ... eta teh siga bener pisan ...
cenah ieu nagri di-korupsi salila 32 taun + 5 taun geuningan duitna teu beak-beak, angger merul .... duit nagara urang bisa dicairkeun dimamana. Kantor cabang hiji bank wae bisa nyairkeun 1,7 trilyun ... komo meureun di kantor pusatnya .. komo meureun deui bae, di kantor-kantor departemen .... he .. he ...
 
katingali warung siga McD, KFC jeung sajabana nepi ka warung lesehan di sisi jalan aya keneh anu meuli malah kadang nepi ka ngantri ..... ceuk beja mobil di jakarta wae lamun disusun terus diukur bakal leuwih panjang tibatan jalan-jalan di jakarta, nu matak jakarta teh macet terus ...
 
hasil pemilu capres bakal ngahasilkeun dua hal nyaeta mandat rakyat jeung birokrasi, duanana beda dina dimensi abstrak jeung kongkret. Aya mirip nyaeta loba jumlahna nu matak hese dina ngokolakeunana jeung bisa jadi cilaka lamun salah dina ngurusna.
 
Mandat rakyat sigana leuwih gampang dijalankeun sabab ngan aya dina ukuran moral. Birokrasi lain ngan ukur moral, tapi butuh strategi anu jetu keur ngurusna. Dina hal, sing saha anu jadi presiden sigana moal bisa mere hasil nu nyugemakeun lamun programna teu keuna ka birokrasi. Hanjakal nepi ka danget kiwari can aya capres anu bisa nyayakinkeun soal itu. Hartina boga patekadan pikeun nyieun pamarentahan anu bersih karek nepi ka dagang kecap keur meunang dukungan. Geuning pikawatireun ....
 
\budhi
oritate permai


Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke