Haturan kang Budhi...lan baraya sadaya,
emang bener indonesia mah nagri subur gemah ripah loh jinawi, sok bae 
cobaan nancebkeun tangkal naon bae pasti jadi jeung ngahasilkeun 
(laun daerahna subur). heheh.
Kusabab kaasup nagri subur makmur, mangkana nagri dengen pada hayang 
miboga nagara urang (Indonesia tea) kaasup pada hayang jadi mimpin 
nagreg ieu. Sok padahal jadi pamimpin teh berat tanggung jawabna, 
tapi geuning itu ieu pada-pada hayang bari jeung keukeuh peuteukeuh 
tea. Itu ieu pada-pada hayang jadi anggota dewan, kujalan 
ngahalalkeun sagala cara padahal jadi anggota dewan teu cukup ku ngan 
saukur ngandelkeun kawani jeung duit tapi otakna oge kudu nyumponan. 
Sabab tanggungjawabna berat boh ka rahayat atawa ka dirina sorangan, 
jaman kiwari mah geuning anu ngaranan lembaga kejar paket A, B jeung 
C teh payu da hayang ngapimilik ijazahna tea kumaha bae carana.

Ceuk saha nagreg urang keur krisis moneter...??tapi geuning dimana-
mana jlug-jleg mall, di mana-mana ngayakeun pesta anu lain saeutik 
ngaluarkeun waragad keur eta sakabeh. Coba lamun bener keur krisis 
(werit) eta waragad anu keur ngabangun mal atawa keur ngayakeun pesta 
dipake keur ngawangun (ngabantu) masyarakat rahayat anu bener-bener 
ngabutuhkeun meureun moal kajadian anu kasebut rawan pangan atawa 
kalaparan teh. 
Ayeuna nagerg urang bakal milih pamimpin pikeun pikahareupeun, 
sakabeh calon nu lolos geus pada-pada dagang kecap alias ngobral 
janji bakal itu, bakal ieu cenah lamun manehna kapilih jadi pamimpin.
Duka teh teuing ari buktina mah engke, da anu enggeus-enggeus oge 
geuning kabuktiana mah kieu geuning, anu asalna bakal ngabela wong 
cilik alias jelema leutik geuning kabuktiana mah geuning jalma leutik 
tambah beuki leutik...hehehe.

Cag...ah, sakieu heula bisi tambah ngacapruk teu puguh...heheh. 
Punten bilih aya nu kirang merenah.

BM'69


--- In [EMAIL PROTECTED], "Budhi Setiawan" 
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> indonesia cenah nagri anu gemah ripah loh jinawi ... nagara 
pangbeungharna
> sadunya ... eta teh siga bener pisan ...
> cenah ieu nagri di-korupsi salila 32 taun + 5 taun geuningan duitna 
teu
> beak-beak, angger merul .... duit nagara urang bisa dicairkeun 
dimamana.
> Kantor cabang hiji bank wae bisa nyairkeun 1,7 trilyun ... komo 
meureun di
> kantor pusatnya .. komo meureun deui bae, di kantor-kantor 
departemen ....
> he .. he ...
> 
> hasil pemilu capres bakal ngahasilkeun dua hal nyaeta mandat rakyat 
jeung
> birokrasi, duanana beda dina dimensi abstrak jeung kongkret. Aya 
mirip
> nyaeta loba jumlahna nu matak hese dina ngokolakeunana jeung bisa 
jadi
> cilaka lamun salah dina ngurusna.
> 
> Mandat rakyat sigana leuwih gampang dijalankeun sabab ngan aya dina 
ukuran
> moral. Birokrasi lain ngan ukur moral, tapi butuh strategi anu jetu 
keur
> ngurusna. Dina hal, sing saha anu jadi presiden sigana moal bisa 
mere hasil
> nu nyugemakeun lamun programna teu keuna ka birokrasi. Hanjakal 
nepi ka
> danget kiwari can aya capres anu bisa nyayakinkeun soal itu. 
Hartina boga
> patekadan pikeun nyieun pamarentahan anu bersih karek nepi ka 
dagang kecap
> keur meunang dukungan. Geuning pikawatireun ....
> 
> \budhi
> oritate permai



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70
http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
     http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
     [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
     http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke