kantos ningali buku karangan Prof. Jakob Sumardjo teh di Ua Sasmita, enya buku Tafsir pantun Sunda tea.
Pak JS teh dosen si kuring pisan basa sakola magister (lain tukang magis, ieu mah)atawa s2 (s-an dua, meh beuki tiis) di desain itb, anjeuna ngawulang Filsafat Seni. si kuring dibere A, sarua jeung urang Bali. si kuring dibere A duka pedah kasep, duka pedah jomblo harita teh. ari nu urang bali mah, sigana dibere A teh pedah paperna kandel, meureun. tapi si urang Bali eta ku dewa killer di seni rupa cap gajah diux, pelajaran di semester ka tilu asana amh, dipenta mengundurkan diri, da kapanggih nyieun tugas meunang ngarakit tulisan di textbook teu nyantumkeun tulisan si anu. Pak JS kungsi dipenta endorsement jang novel munggaran si kuring (Louisiana Louisiana tea) wani menta teh pedah we dosen sorangan, da nelpon ke anjeuna oge sok nepangkeun karep heula, yen si kuring teh msiswana di s2 desain. tapi keukeuh, teu dibere. hehe. riweuh bin pakepuk cenah. ongkoh ceuk anjeuna endorsement ti luar teu pati penting, nu penting editor penerbit satuju kana eusi naskah. si kuring kungsi sirik, pedah Dewi lestari supernova mah dibere, alesan pak JS teh, da supernova mah, rek diterbitkeun sorangan cenah. heug atuh. ongkoh harita naskah geus disatujuan ku editor grasindo, jadi teu maksa teuing mentana oge, jeung teu pundung, apal pak JS teh, dina soal (kritik) sastra jeung budaya, bisa disebut kelas Dewa minimal di bandung. CARA NGAJAR cara ngajar pak JS teu siga pak Sudjoko. nyaritana atra, kalem, teu make emosi (datar). rada arap-ap eureup-eup, rada siga Pa yasraf a. piliang, nu rada kitu oge. Siga nu hese nyarita teh. meureun subjekna memang hese, filsafat seni. anjeuna ngaku teu bisa jeung teu nyaho sabenerna mah naon filsafat seni teh. handap asor pisan. ngan cenah dipaksa ku dewa di itb sangkan kersa ngawulang eta. biasana, ari ngajar teh sok make diagram, disederhanakeun, sangkan kaharti meureun. tapi kalolobanama na mah, msiswa teh sukses....teu ngarti. hehe. da enya, hese. RESENSI tapi ari dipenta ngabedah novel si kuring mah, kersaeun. malah sumping dina acara bedah novel Lolo. tulisanana ngeunaan novel Louisiana Louisiana kungsi diposting di kusnet. kanu hoyong maos, mangga toong di http://geocities.com/mangjamal/resensi.htm eta resensi teh kungsi matak huleng jentul si kuring, teu nyangka yen naon nu ditulis teh, kitu ceuk pak JS mah. mj http://geocities.com/mangjamal ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70 http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

