Pa Jakob Sumardjo jalmi antik, ngetik masih keneh ku mesin ketik. naha aya
patalina jeung ageumanana, katolik, atawa ngan saukur resep make barang nu
disada tik tik, komo mun hujan rintik-rintik ,yeee..kamana mendi. nu
penting tungtungna t...

Enyaan, soal mesin ketik, lain bohong. Apal soteh basa anjeuna masihkeun
tulisanana dina raraga ngabedah si Lolo tea. Nyariosna apik, milihan pisan
kekecapan nu rek dikedalkeun (jadi we kesana arap-ap eureup-eup). Tapi
tulisanana mah, estuning eces, herang ngagenclang. Asana mah nomer telepon
bumina ge aya keneh dina hp.

Kungsi meunang beja hawar-hawar (asana mah ti M. Sundjaya, tokoh teater
STB) yen Pak JS kungsi dicalonkeun jadi rektor (atawa kepala sekolah) STSI
Buah Batu, tapi teu kapilih atawa teu disatujuan, alesanana dua cenah:
lain US jeung katolik. Duka bener duka henteu.

Sigana mun KUSnet ngayakeun Kongress deui, Pa JS kersaeun diulem, sina
ngabahas kasundaan, naon bae nu anjeuna hatam. Nya amplopan we. Tapi pak
Saini KM oge heula sae. Ngan duka ketang kersaeun teu diulem bari sila, da
biasana di seminar-seminar�..

mj

http://geocities.com/mangjamal




------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
     http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
     [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
     http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke