|
wilujeng siang baraya saalam dunya
...
punten bade tumaros, manawi aya nu uninga
upami milari kaset tari sunda di bandung di mana nya ? sapertos tari sekar
putri, tari merak sareng tari-tari sanesna. ti payun mah kagungan, mung
waktos KKN di purwakarta aya nu nambut teu uih deui dugi ka kiwari.
kaleresan sasih juli aya acara bade aya
acara hello word hello gifu, mintonkeun kasenian ti unggal nagara anu
mahasiswana aya di kampus gifu daigaku, maksad teh sim kuring bade mintonkeun
tari sunda mung nya kitu kasetna teu aya.
kanu uninga tiasa ngajapri ka sim kuring,
bilih ngaganggu nu sanes.
hatur nuhun sateuacana.
wassalam,
budhi
oritate permai
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
Yahoo! Groups Links
|

