Para wargi kusnet !!!!, manawi aya anu uninga, gaduh pangalaman sami, cik abdi nyuhunkeun tulung !!!.
Perkawisna mah kieu ; abdi teh gaduh adi awewe, parantos aya tilu taunan gaduh panyawat, sanggem dokter ; "Radang Usus Besar", parantos kadokter/rumahsakit mah tiasa disebat parantos boseneun, malih mah kantos dua kali abdi ngintun landong sasasiheun-sasasiheun alhamdulillah, seep landong, dua tilu sasih karaos deui !!!, sasih kamari lalandong ka RS Hasan Sadikin Bandung, dipasihan landong, namung nyakitu badanna barareuh beureum (alergi panginten !!!), sanggemna karaosna dina padaharan palih katuhu upami dicabak aya anu ngajendul, enjing-enjing upami nyaring teu tiasa langsung ngorejat hudang, namung kedah mecetan suku heula nembe tiasa turun tina ranjang !!!, ma'lum salakina mung padamel negeri rendah, atuh kanggo lalandong teh sok parebut sareng kabutuhan dapur.
Tah bilih bae aya diantawis para wargi anu terang landong-landong tardisional/alternatif , cing abdi nyuhunkeun bongbolongan !!!,
Hatur nuhun sateuacanna !!
Pihatur
SSW
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

