Duka kunanon kasangtukangna, kuring ujug-ujug inget
kana aseupan. Pedah eta kitu aseupan teh pakarang nini
kuring keur meruhkeun si aki ngarah betah di imah.
Aseupan teh paragi nyangu kolot baheula. Sangeus
ngagigihan, gigih terus diseupan dina seeng, make
aseupan tea. Timbel teh ti dieu asalna.
Ditilik wangunanana, aseupan teh hiji wangun tilu
dimensi. Tapi lamun ditinggali ti gigir mah, eta
aseupan teh jiga wangun pasagi tilu. Di tinggali ti
luhur atawa ti handap, wangunna teh beut buleud jiga
nyiru paragi napi. Naha beut kitu, hiji barang bisa
katingagli jiga rupa-rupa.
Lamun urang madungdengkeun hiji pasualan, naon bae,
hasilna teh bakal jiga ninggali aseupan tea. Eta
pasualan teh bisa beda-beda gumantung ti lebah mana
ninggalina. Contona wae, carita misil anu dipake
ngajelaskeun hiji pasualan, bisa jadi carita eta
dianggap carita fitnah. Padahal nudipadungdengkeun teh
barang anu sarua-sarua keneh.
Ku kituna atuh, lamun urang diskusi mah, ulah sok
gampang teuing ninggali kaluar, tapi kudu dibarengan
ku ninggali ka jero. Sabab lamun gampang teuing
ninggali kaluar, bakal gampang ngalabelan.
Wallahualam,
MH
__________________________________
Do you Yahoo!?
Friends. Fun. Try the all-new Yahoo! Messenger.
http://messenger.yahoo.com/
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/