sami sareng kuring atuh nya kang tatan...???
Anti Bobotoh Busuk.... saur barudak Vikers mah,
naha tina capres janten ka PERSIB ieu teh... hahaha...
 
Pilpresss...??? milih saha atuh nya...??
da geuning ti PKS ge teu acan aya rekomendasi bade milih saha2na,
jabaning sigana kuring mah moal kabagean milih presiden yeuh...
da libur pamilu bade dianggo mudik... heuheuheu...
 
Tapi ari hate mah beurat ka ARSYS..
keun bae lah US teu aya nu janten pejabat oge,
malah sok raos ari papoyok-poyok sareng urang jawa soal korupsi di pamarentahan,
"Tuh siah urang jawa loba nu jadi pejabat ngadon karorupsi... hahaha..."
dibalesna ku urang jawa...
"Sama ajah US juga... tuh Personalia kita orang sunda, kerjanya ngga bener,
 bisanya cuma nyari agen2 penyalur tenaga kerja... cari duit sampingan..."
heuheuheu.... enya nya sarua wae geuningan.... pisss lahhh...
 
punten ahhh... sanes sara ieu mah...
----- Original Message -----
Sent: Wednesday, June 02, 2004 11:06 AM
Subject: RE: [UrangSunda] Ki Sunda

ieu mah ngarana oge ngalamun,
lamun aya pamilihan pamingpin RIT teh salah sahiji calonna si kabayan, da sikabayan teh salah sahiji tokoh anu di pikaresep ku US.. ahh da sikuring mah moal ujug ujug milih sikabayan, sok sanaos sikabayan teh tatangga atawa asli US,  sikuring maha tetep milih pamingpin teh anu minimal bisa ngabogaan syarat syarat anu tos ditangtukeun ku sunatulloh da kuring mah agamana islam.
Nya lamun syarat syarat eta sarua aya di sakabeh calon, nya atuh urang US anu di prioritaskeun..
jadi kuring mah moal jadi Bonek.. rek jadi bobotoh anu make akal...lamun dina basa suporteh maenbal mah....
 
 
tatan


Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke