|
"Hehehehehe ......... ke heula anan Arjuna , jadi
sampeyan duanana ayeuna datang ka dieu teh rek menta ka Kaula supaya ngabantuan
peperangan ngalawan musuh sampeyan , dimana antara sampeyan duaan pisan nu rek
perang teh . Tah ku sabab eta , kacida beuratna pikeun Kaula mah . Ngabantuan Ki
Arjuna , kumaha Duryodhana , ari ngabantuan Duryodhana , kumaha Arjuna ? Kapan
duanana oge sarua keur Kaula mah , dulur , sobat , mitra ."
"Tah ku sabab eta , ayeuna Kaula bakal nyieun hiji
sarana pikeun kaadilan , dimana dua pihakanana moal rugi ; duanana bakal ngarasa
untung , moal sisirikan . Moal aya deui cara nu pang adilna ti batan nu bakal ku
Kaula ayeuna diucapkeun ."
Kresna ngarenghap heula sakedap ; katingal
Duryodhana rada semu teu sabar , da biasa pok torolong tea , sagala kapalay tara
aya nu wantun mungpang ; teu kaci engke heula teh . Ari Arjuna mah , ku margi
biasa leuleuweungan sareng tatapa di Gunung Mahameru , anjeunna katingal sabar
ngantosan Kresna ngedalkeun cariosanana .
"Ayeuna Kaula bakal ngabagi jadi dua bagian ."
Kresna neraskeun cariosanana , " Sabagian diri Kaula Pribadi , tapi pasti Kaula
moal milu perang , paling oge rek jadi panasehat wae Kaula mah , lantaran ka
ditu ka dieu oge sarua dulur , mitra , sobat . Jadi lamun tea mah Kaula aya di
Pihak Kurawa , Kaula mah moal arek nyekel atawa nyabut pakarang , Kaula mah rek
ngabobotohan , mapatahan jeung bari sakalian lalajo . Moal pisan Kaula maehan
hiji oge pasukan Pandawa , komo atuh Pandawa na mah . Kitu deui lamun Kaula aya
di Pihak Pandawa , tangtu Kaula oge moal merangan ka pasukan Kurawa . Tah kitu .
" Reg deui Kresna liren heula , ngarenghap .
"Tah ari bagean kadua Nya eta , Kabeh pasukan
Dwaraka nu dipingpin ku Kritamarma bakal biluk ka nu milih jeung bari milu
perang toh tohan , tah sampeyan duaan kudu milih ; hiji antara dua . naha rek
milih Kresna pribadi nu teu bakal perang , ataea pasukan nu pasti bakal bitotama
ngetohkeun umur ?"
Duryodhana tos bade nyarios , tapi dihalangan ku
Kresna :"Ke heula Duryodhana , Kaula can tuntas nyarita , tah ayeuna Kaula bakal
mere giliran , saha nu milih pang heulana ."
Enggal Suyudhana ngandika :"Tah pasti Kaula heula
nu bakal ti heula milih , lantaran Kaula nu pangheulana datang ka ieu tempat .
"
"Hehehehehe , memang leres anjeun nu ti heula asup
, tapi Kaula nenjo Arjuna nu pangheulana , jadi kieu we ayeuna mah . Ku sabab
kabiasaan di urang Hindi , lamun aya soal mlih teh , nu ngora heula diheulakeun
; tah ku sabab Ki Arjuna leuwih ngora umurna ti batan sampeyan Pangeran
Duryodhana , Kaula arek mere kasempetan heula ka Ki Arjuna pikeun milih , naha
rek mlih Pasukan nu pasti bakal toh pati jiwa raga ka pandawa , atawa Kresna
pribadi , nu pasti moal milu perang ?"
Duryodhana kalintang mentegegna , ku cariosan
Kresna kitu , tapi anjeunna teu tiasa ngahulag , da memang eta mah hakna Kresna
nangtoskeun , sareng memang kabiasaan kedah kitu ; nya ngan bati mentegeg we
.
Ngantosan ka-19 na .
Abbas Amien
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
Yahoo! Groups Links
|
- Re: [UrangSunda] Memeh Bharata Yudha - 18 Abbas Amin

