Katuran kang Abbas, damang....?
Resep lah, upami akang nuju ngawayang......he he
Abbas Amin <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Abbas Amin <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
"Hehehehehe ......... ke heula anan Arjuna , jadi sampeyan duanana ayeuna datang ka dieu teh rek menta ka Kaula supaya ngabantuan peperangan ngalawan musuh sampeyan , dimana antara sampeyan duaan pisan nu rek perang teh . Tah ku sabab eta , kacida beuratna pikeun Kaula mah . Ngabantuan Ki Arjuna , kumaha Duryodhana , ari ngabantuan Duryodhana , kumaha Arjuna ? Kapan duanana oge sarua keur Kaula mah , dulur , sobat , mitra .""Tah ku sabab eta , ayeuna Kaula bakal nyieun hiji sarana pikeun kaadilan , dimana dua pihakanana moal rugi ; duanana bakal ngarasa untung , moal sisirikan . Moal aya deui cara nu pang adilna ti batan nu bakal ku Kaula ayeuna diucapkeun ."Kresna ngarenghap heula sakedap ; katingal Duryodhana rada semu teu sabar , da biasa pok torolong tea , sagala kapalay tara aya nu wantun mungpang ; teu kaci engke heula teh . Ari Arjuna mah , ku margi biasa leuleuweungan sareng tatapa di Gunung Mahameru , anjeunna katingal sabar ngantosan Kresna ngedalkeun cariosanana ."Ayeuna Kaula bakal ngabagi jadi dua bagian ." Kresna neraskeun cariosanana , " Sabagian diri Kaula Pribadi , tapi pasti Kaula moal milu perang , paling oge rek jadi panasehat wae Kaula mah , lantaran ka ditu ka dieu oge sarua dulur , mitra , sobat . Jadi lamun tea mah Kaula aya di Pihak Kurawa , Kaula mah moal arek nyekel atawa nyabut pakarang , Kaula mah rek ngabobotohan , mapatahan jeung bari sakalian lalajo . Moal pisan Kaula maehan hiji oge pasukan Pandawa , komo atuh Pandawa na mah . Kitu deui lamun Kaula aya di Pihak Pandawa , tangtu Kaula oge moal merangan ka pasukan Kurawa . Tah kitu . " Reg deui Kresna liren heula , ngarenghap ."Tah ari bagean kadua Nya eta , Kabeh pasukan Dwaraka nu dipingpin ku Kritamarma bakal biluk ka nu milih jeung bari milu perang toh tohan , tah sampeyan duaan kudu milih ; hiji antara dua . naha rek milih Kresna pribadi nu teu bakal perang , ataea pasukan nu pasti bakal bitotama ngetohkeun umur ?"Duryodhana tos bade nyarios , tapi dihalangan ku Kresna :"Ke heula Duryodhana , Kaula can tuntas nyarita , tah ayeuna Kaula bakal mere giliran , saha nu milih pang heulana ."Enggal Suyudhana ngandika :"Tah pasti Kaula heula nu bakal ti heula milih , lantaran Kaula nu pangheulana datang ka ieu tempat . ""Hehehehehe , memang leres anjeun nu ti heula asup , tapi Kaula nenjo Arjuna nu pangheulana , jadi kieu we ayeuna mah . Ku sabab kabiasaan di urang Hindi , lamun aya soal mlih teh , nu ngora heula diheulakeun ; tah ku sabab Ki Arjuna leuwih ngora umurna ti batan sampeyan Pangeran Duryodhana , Kaula arek mere kasempetan heula ka Ki Arjuna pikeun milih , naha rek mlih Pasukan nu pasti bakal toh pati jiwa raga ka pandawa , atawa Kresna pribadi , nu pasti moal milu perang ?"Duryodhana kalintang mentegegna , ku cariosan Kresna kitu , tapi anjeunna teu tiasa ngahulag , da memang eta mah hakna Kresna nangtoskeun , sareng memang kabiasaan kedah kitu ; nya ngan bati mentegeg we .Ngantosan ka-19 na .Abbas Amien
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
Do you Yahoo!?
Friends. Fun. Try the all-new Yahoo! Messenger
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

