KI SUNDA
Saha Jeung Kumaha ?
Moal salah deui anu disebut urang Sunda teh suku bangsa asli pangeusi tatar Sunda anu umurna geus rebuan taun, anu geus ngalaman rupa-rupa parobahan, naek turun nurutkeun kabudayaan jeung filosofi hirupna.
Dina waktu ieu, jumlah urang Sunda geus meh 40 juta urang, nomer dua panglobana di
Anu pon tanahna, ku para ahli sadunya katotol tanah endah tur subur ma�mur, beunghar ku rupa-rupa kakayaan alam, kasebut tanah pangbeungharna jeung pangendahna saalam
Kanyataanana, urang Sunda the hiji kaum anu jumlahna loba pisan, leubih loba batan rakyat sababaraha nagara sejen boh Eropa boh di
Lobana suku Sunda, beungharna tatar Sunda lain jdi ku maneh. Tapi istuning ngahaja diciptakeun ku Allah SWT. Mungguhing dadamelan Allah tea taya anu kabeneran, sagala ge dihaja dicipta ku AnjeunNa,
Bangsa Sunda diciptakeun loba jeung beunghar. Teu beda ti hiji manusa biasa anu diciptakeun ku Allah pinter jeung beunghar, urang Sunda oge kudu jadi bangsa anu pinter, rancage, kakayaanana kudu mawa darajat jeung martabat anu mulya ka dirina sorangan, jembarna kudu mawa mangpaat jeung kahadean ka sakurilingeunana, jeung akhirna kudu wanoh ka anu Nyiptakeunana. Jadi, lamun ditanya saha ari Sunda, jawabna : sukubangsa anu mimiti pisan ngeusian tatar Sunda, anu diisaratan tur dibekelan ku Anu Nyiptakeunana kudu jeung bisa jadi sukubangsa anu rancage hatena, beunghar dunyana, nyongcolang martabatna jeung mere loba mangpaat ka sasama banga Indonesia khususna ka bangsa sadunya umumna.
Do you Yahoo!?
Friends. Fun. Try the all-new Yahoo! Messenger
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

