KI SUNDA

 

Saha Jeung Kumaha ?

 

Moal salah deui anu disebut urang Sunda teh suku bangsa asli pangeusi tatar Sunda anu umurna geus rebuan taun, anu geus ngalaman rupa-rupa parobahan, naek turun nurutkeun kabudayaan jeung filosofi hirupna.

Dina waktu ieu, jumlah urang Sunda geus meh 40 juta urang, nomer dua panglobana di Indonesia sabada suku bangsa Jawa.

Anu pon tanahna, ku para ahli sadunya katotol tanah endah tur subur ma�mur, beunghar ku rupa-rupa kakayaan alam, kasebut tanah pangbeungharna jeung pangendahna saalam Indonesia. Malah aya anu yakin pengendahna jeung pangbeungharna saalam dunya. Subhanallah!!!

Kanyataanana, urang Sunda the hiji kaum anu jumlahna loba pisan, leubih loba batan rakyat sababaraha nagara sejen boh Eropa boh di Asia. Tatarna, kasohor subur, beunghar jeung endah. Cek paribasana, iteuk ditanclebkeun pasti akaran. Ngali tanah dimana bae, baris manggihan barang mangpaat keur kahiruupan, ka mana bae tetenjoan di kencar taya anu katembong jaba ti kaendahan. Cindekna, Sunda teh loba jumlahna, endah jeung beunghar tatarna.

Lobana suku Sunda, beungharna tatar Sunda lain jdi ku maneh. Tapi istuning ngahaja diciptakeun ku Allah SWT. Mungguhing dadamelan Allah tea taya anu kabeneran, sagala ge dihaja dicipta ku AnjeunNa, bari pasti mawa maksud jeung mangpaat. Nya kitu deui urang Sunda jeung tanahna, diciptakeun kalawan aya maksud khsus anu kudu kapanggih ku urang Sunda sorangan. Nyakitu deui mangpaatna memeh ku sasaha the kudu karasa ku urang Sunda heula.

Bangsa Sunda diciptakeun loba jeung beunghar. Teu beda ti hiji manusa biasa anu diciptakeun ku Allah pinter jeung beunghar, urang Sunda oge kudu jadi bangsa anu pinter, rancage, kakayaanana kudu mawa darajat jeung martabat anu mulya ka dirina sorangan, jembarna kudu mawa mangpaat jeung kahadean ka sakurilingeunana, jeung akhirna kudu wanoh ka anu Nyiptakeunana. Jadi, lamun ditanya saha ari Sunda,   jawabna : sukubangsa anu mimiti pisan ngeusian tatar Sunda, anu diisaratan tur dibekelan ku Anu Nyiptakeunana kudu jeung bisa jadi sukubangsa anu rancage hatena, beunghar dunyana, nyongcolang martabatna jeung mere loba mangpaat ka sasama banga Indonesia khususna ka bangsa sadunya umumna.


Do you Yahoo!?
Friends. Fun. Try the all-new Yahoo! Messenger

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke