Sok jadi ngahuleng sorangan kuring mah mun ngadengekeun padungdengan
ngeunaan nu karieu teh, los deui jadi inget mangsa taun kamari, nalika
kaluar fatwa haram bunga bank konvensional.
Sakanyaho kuring mah, ngeunaan haram henteuna awewe jadi pamingpin
(nagara) teh aya dalilna (duka ari masalah soheh henteuna mah), geus aya
ti dituna. Di umat islam sorangan, beulah jadi dua, nu satuju jeung nu teu
satuju. Geus ti baheula eta teh! Tah, ngeunaan kajadian kamari ieu, ceuk
na tipi, mimitina mah pan aya kiai NU nu ditanya ngeunaan pamingpin awewe.
Kabeneran nu ditanya teh nyepeng pamadegan yen awewe teu meunang jadi
pamingpin, nya jawabna teh nya tangtu teu meunang. Terus, kadieunakeun, na
tipi/media massa teh bet jolna jadi fatwa. EUWEUH FATWA dina kajadian ieu
mah, da geus aya ti dituna. Beda jeung kajadian ngeunaan bunga bank, eta
disebut fatwa!
Balik deui kana masalah pamingpin awewe, kapan di urang mah teu nerapkeun
sare'at Islam, lin?! Di urang mah nu dicepeng teh demokrasi. Jadi
saterusna ngeunaan ieu, nya teu langkung rahayat, bade milih naon bae oge,
bade nurut henteuna ka kiai/ajengan, nya kumaha sewang2an. Da geuning,
jaman kiwari mah nu jadi panutan teh lain kiai/ajengan. Teuing ajenganna
nu saralah, atawa boa2 urang teh geus teu daek nurut ka ahli waris
Rosul...
Perkawis pausahaan nu dipingpin ku awewe, eta mah lain deui. Pausahaan mah
nu bogana jelema, swasta, teu bisa disaruakeun jeung nagara.

isk

Gunawan Yusuf nyerat:
> Pamingpin abdi di padamelan (kantor) ti kaum hawa , kedah dikumahakeun ieu
> teh ?


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70
http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
     http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
     [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
     http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke