Wilujeng enjing
Kamari sonten samulihna ti kantor-jkt, dugi ka bogor
teh kirang langkung jam 6:15, teras we sikuring teh
muru ka tempat parkir motor da motor sim kuring
disimpen didinya, teras emut kang yaya dinten eta teh
nuju aya tugas kabogor, teras di talipun kaleresan
kang yaya teh nuju aya direrencanganana teu tebih ti
terminal baranang siang-bogor. Teras we ngabiur ka
alamat anu dipasihan ku kang yaya, alhamdullilah
tepang sareng kang yaya, teras we ngobrol kaditu
kadieu bari diselingan ngobrol sareng rerencangan kang
yaya teras hiji deui duka ramana rerencangan kang yaya
duka saha (Bapak X).

Teu hilap sim kuring nalipun kang tantan bilih bade
tepang sareng kang yaya, kaleresan deui anjeuna nuju
di jakarta cenah. Teu hilap kang yaya hatur nuhunnya
sim kuring tos tiasa tepang sareng akang tos
nyemeptkeun waktos tiasa tepang sareng abdi, mudah
mudahannya kapayuna urang tiasa ngariung deui siga
kapungkur, hatur nuhun deui kana permen ginseng sareng
kopi ginseng kitu teu acan dicobian eta mah nembe
permenna (punten sanes ngabibitanya). nuhun pokokna
mah. Kirang langkung 1/2 jam kuring ngobrol teh teras
we pamitan kaleresan kang yaya na oge tos aya janji
rerencangan nu sanesna.

Teu hilap sim kuring katitipan saur ku bapak x anu
ngiring ngobrol kamari anjeuna teh mani sono cenah ka
acara wayang, punten cenah pang saurkeun bilih dimilis
ieu aya anu didamel di TVRI bandung, upami tiasa mah
aya acara wayang sawengi jeput teu langkung bade
sasasih sakali atanapi saminggon sakali, sakitu pesen
ti anjeuna.

Tos ah sakieu heula, punten enjing-enjing tos
ngacapruk.

Hatur nuhun
@ERN


=====
@ERN
Eko Ruska Nugraha
http://www.urang-sunda.or.id
http://yp.urang-sunda.or.id
http://bs.urang-sunda.or.id


        
                
__________________________________
Do you Yahoo!?
Friends.  Fun.  Try the all-new Yahoo! Messenger.
http://messenger.yahoo.com/ 


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
     http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
     [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
     http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke