|
Kebat lampahna Prabu Anom Duryudhana . Kacaturkeun
di Mandura Prabu Baladewa parantos marentahkeun kedah tatan tatan nampi tamu anu
penting pisan . Ku margi tos kaerong yen tangtu Kurawa bakal ngutus utusanana
kanggo ngulem anjeunna . Teu kantos lami aya Ponggawa lebet ka sitinggil
ngawartoskeun yen Tamu ti Astinalaya parantos sumping , malah Suyudhana ku
anjeun pisan anu sumpingna oge .
Bingah amarwata suta , bingahna ka giri giri
..............Ooooooo
Sang Prabu bingah pisan barang terang yen Pangeran
Duryodhana ku anjeun kersa sumping ka Mandura , atuh enggal wae Baladewa muru
kaluar ti Karaton , enggalna patepang sareng Pangeran Duryodhana .
Ieu dua mitra dalit teh enggal silih rangkul , ku
sono sareng memang dalit pisan , kawas dulur pet ku hinis , cek paribasana .
Enggalna Prabu Baladewa atanapi Balarama ngajak Duryodhana lebet ka Kamer
Pribadina .
"Hahahahahaha , Bagja kumayangan , ngimpi naon diri
kuring , nepi ka kasumpingan Pangagung ti Astina , turta nyalira teu nyandak
rencang , sok calik , mangga . Aduh ieu akang bingah pisan ku kasumpingan
sampeyan teh ." Baladewa sasauran , saparantosna duanana caralik .
"Hahahahahaha , Kakang Baladewa , ti bareto urang
teh geus lila dalit duduluran , nepi keun ka bebesanan oge kapan urang teh sarua
jeung Raja Mandaraka . Eta teh meureun nuduhkeun yen urang teh cocog pisan ,
sanes kitu kakang ?" Duryodhana nyarios bari teu weleh bear marahmay , tanda
sami sami bingah tepang sareng sobat anu sakitu dalitna .
Pr. Bld :" Leres pisan rai , tah ayeuna akang rek
nanya , ari sampeyan jauh jauh ninggalkeun Astina , cunduk ka Mandura , cing
naon maksad teh ? Mangga saurkeun ayeuna ."
Dury :" Kaula teh pangna jauh dijugjug anggang
diteang datang ka Mandura , kahiji nya sono ka sobat , atuh kadua hoyong
terang kumaha kayaan akang . Tah geuning ayeuna kaciri beleger pisan , atuh
Kaula bungah . Tah ari nu katiluna , .............. Suyudhana liren heula
sakedap ..................."
Bldw :"Hahahahaha , kateguh lah ku akang ,
pasti sampeyan teh rek ngabejakeun yen ayeuna bakal aya perang gede , sanes
kitu ?"
Dydn :"Hahahahaha , tepat pisan , tah Kaula matak
ka dieu teh , nu pangpentingna mah menta bentuan ka Akang supaya ngabekla Astina
enggoning ngabela Nagara , nu rek direbut batur !"
Bldw :"Ke ke ke lanan , ari soal ngabantuan mah
gampang , na saha kitu nu rek ngarebut teh ?"
Dydn :" Ah kawas teu uninga wae , kapan eta Pandawa
rek maksa mementa Astina , tah Kaula kapan ajib ngabela Nagara , sanes kitu
?"
Bldw :" Ke ke ke lanan , ari Indraprasta
kumaha ? Asa pamohalan Pandawa deuk ngarebut Nagara Raja Drestarastra
?"
Dydn :" Ah , kapan Indraprasta mah tos dipupus ti
na daftar Nagari di Tanah Hindi ; nya nu aya teh ayeuna mah Astina wungkul
."
Bldw :" Oooh kitu . Naha Pandawa dipasihan iber tah
di na ngaleungitkeun eta Indraprasta teh ?"
Dydn :" Ah , kapan baheula ku Pandawa geus
diserenkkeun ka Kaula alatan eleh maen Dadu ; tah kapan kumaha Kaula we rek
dibeureim rek dihideung oge , sanes ?"
Bldw :"Tapi memang Pandawa eleh maen , kapan tos
dihukum salila 13 taun ? Kapan eta mah Pandawana pribadi , teu kaasup ka na
Nagara ?"
Dydn :"Pikeun diri Kaula , Indra[rasta = Pandawa ;
Pandawa = Indraprasta ; tah Pandawa dihukum , nya Indraprasta oge kudu
kajabel . Ke heula ! Naon margina akang siga ngabela pisan ka Pandawa
?"
Bldw : Iiiih , ari akang mah masing sobat dalit jeun sampeyan oge , kapan
jeung Pandawa mah katalian ku duduluran , misan kapan akang teh ka Pandawa .
Jadi di na perkara ieu mah , Kaula bakal netral nanjeurkeun kaadilan . Sampeyan
mah teu apal panginten , waktos akang debat rongkah di Upawilya jeung Raja Raja
nu ngarojong Pandawa . Kakang geus usaha satekah polah ngabela Kurawa , bari
tetep nyekel kaadilan . Tapi da memang hese ngalawan jalma rea mah , nya
akang teh eleh sora ku nu sejen . Tapi mun enya kajadian perang campuh antara
Kurawa jeung Pandawa .......... Beu !"
Dydn : Tah ayeuna mah sigana "perang" teh geus pasti , sampeyan teh ka
Kaula sobat , ari ka Pandawa dulur , tah kira kira sampeyan rek mihak ka mana
?"
Bldw :"Nya ari dina hate mah Kaula pasti mihak ka sampeyan , para Kurawa
.............. ngan tetep we Kaula aya kabeubeurat , inget ka Bibi Kunti
Nalibrata ."
Dydn :" Tah keun we lah perkara mihak mah , tapi ayeuna pangna jauh
dijugjug anggang diteang , rek minangsraya langsung , lantaran Kaula ayeuna aya
papait , nya eta rek nyanghareupan musuh Kaula . Tah kapan Pandawa mah teu aya
hiji oge nu jol ka dieu ! Tah ari Kaula mah enyaan ngabutuhkeun sampeyan teh
."
Bldw :"Enya bener na kituna mah . Kaula ka ditu ka dieu oge beurat , da mun
bisa mah montong jadi Perang lah ."
Dydn :"Lah naha kitu ? Urang sabage Satriya wajib ngadegkeun Dharma , Kaula
di na w3aktu ieu butuh pisan pangrojong ti sampeyan jeung Kresna . Tah Kresna
mah geus masihkeun Kritamarma sareng sadaya para Pahlawan lan prajuritna keur
ngabela Kaula . Tah naha Kakang , ham ham terus !?"
Bldw:" Kresna tos masihan prajurit sadayana ?! ............. Ari Kresna
pribadi ?"
Dydn :" Hahahahaha , da kapan kudu milih . Tah si Arjuna mah da bodo tea ,
atawa keur mabok meureun , hayoh milih Kresna ! padahal geus jangji ngan ukur
jadi panasehat wungkul , teu milu perang !
Bodo pisan nya ki Arjuna , sanes ?"
Mangindra Baladewaaa ..................
Leng leng ramyaningkang sasangka ................
Saparantos lami ngahuleng , enggalna Baladewa sasaran atra pisan :"
Eeee ladalah ! lamun memang Kresna geus mihak Ka Pihak Pandawa , tah di na
hal ieu sampeyan kudu nyaho ka na cecekelan Kaula . Kaula memang moal iilueun
kana pilihan Kresna , rek kaman wae manehna , lain urusan Kaula . Ngan bae kaula
geus sumpah ka mana wae Kresna biluk , Kaula tangtu moal daek merangan atawa
ngamusuhan ka nu dibilukan ku Kresna ! Masing reu perang oge !"
Reg Baladewa liren , enggal neraskeun deui :" tah ku sabab ayeuna Kresna
pribadi geus biluk ka Pandawa , tah Kaula moal bisa dioget oget , Kaula tangtu
moal bisa biluk ka pihak Kurawa , kumaha jelas !?"
Barang nguping kasauran Baladewa kitu , kalintang Duryodhana kagetna .
Anjeunna teu tiasa sasauran deui , da moal tiasa ari maksa ka Baladewa mah ;
kantenna ayeuna katingal pameunteuna semu beureum tanda yen nuju nahan amarah ,
salah saeutik , malah bisa dirina cilaka , kapan Baladewa mah lain bantrak
bantrakeun , kasohor pisan jago ing danalaga . Kitu gerentes manah Duryodhana ,
teu lami Duryodhana enggal pamitan , bari ewed manah .
Hanca
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
Yahoo! Groups Links
|

