Kanggo anu teu acan terang Taman Rekreasi Cimalati .............
Lokasina di jalan Raya Bogor -- Sukabumi, 28 km ti Bogor, 30 km ti Sukabumi, upami ti Bogor ayana palih katuhu, saparantos ngalangkungan tempat Rekreasi Lido palih kenca teras Taman Angsa palih katuhu nembe panto gapura Taman Rekreasi Cimalati, upami ti Sukabumi ayana palih kenca.
Teras fasilitas anu aya dieta Taman Rekreasi ;
1. Kolam renang (3 kolam sareng kolam renang kanggo murangkalih)
2. Kolam ikan hias
3. Panggung Dangdut (sok dianggo acara dangdutan unggal dinten Minggu)
4. Bungalow : 1 kamar = Rp. 80.000/sawengi
2 kamar = Rp. 150.000/sawengi
3 kamar = Rp. 225.000 ~ Rp. 275.000/sawengi
4 kamar = Rp. 300.000/sawengi
5. Restoran katuangan khas Sunda.
Karcis lebet : Dewasa = Rp. 4.000
Murangkalih = Rp. 3.000
Parkir : Beus Ageung = Rp. 100.000
Parkir : Beus Ageung = Rp. 100.000
Beus Alit = Rp. 50.000
Mobil = Rp. 3.000
Motor = Rp. 1.000
Tah sakitu informasi anu tiasa kasanggakeun kuabdi dina danget ieu.
Pihatur
SSW
MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Baraya sadayana, ku gagasan Kang Siddik van Korea, Insya Alloh dina sasih Nopember urang ayakeun Silaturahmi KUSNET sabada boboran Siam sakantenan halal bil halal, diancer ancer tempatna di Cimalati Sukabumi.Ngahaja diuar uar ti ayeuna, maksadna mah dipiharep supados beuki seueur anu sumping.Dina eta acara silaturahmi sakantenan diayakeun "fund rising" ku jalan lelang cindera mata ti Korea, kahoyong mah ulah mung ti Korea wungkul, langkung sae upami aya deui anu sanes boh to nagri sanes boh nu enya enya hasil karya kria Sunda, hasil kria Sunda mah teu kedah nu sesah sesah upamina kaneron, tingkem, besek, boboko, dina wanda hias.......!Bilih aya ide sanes mangga diantos.Mugi mugi we nu tiasa sumping sing seueuran, rupina upami tempatna di Sukabumi mah kaetang tengah tengah teu tebih boh ti Jakarta atanapi ti Bandung.Panitiana teh upami teu lepat mah Kang Hendri...!NuhunMSasmita
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

