Astaghfirullah! Leres pisan tibalik.Hapunten.Perkawis "someah hade ka semah",seueur anu nganggap kumargi US ngagaduhan sipat kitu, akibatna semah ngalunjak ngarebut tempat-tempat pribumi.Emutan mah taya pakaitna.Nu sidik mah, US henteu waspada ngantep tempat-tempat strategis kosong tepi ka direbut batur.
Hatur nuhun kana perhatosanana.
Rachmat MAS
MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Saparantos maca seratan akang "Kujang Dua Pangadekna", katingalna aya kalimat anu ngaganggu nyaeta dina alinea Ulah pupulur memeh mantun, dina kalimat "Kapan ruksakna nagara urang ayeuna oge lantaran loba teuing jelema anu ngaheulakeun kawajiban batan hak", ieu kalimat teh tojaiah sareng kalimat sateuacana ".....ulah sok ngaheulakeun hak memeh kawajiban."Rupina akang lepat nyerat tangtos maksadna mah "Kapan ruksakna nagara urang ayeuna oge lantaran loba teuing jelema anu ngaheulakeun hak batan kawajiban"Naha leres kitu..?Kalih ti eta upami teu kaabotan mugi langkung dibejer beaskeun deui hartos "Someah hade ka semah.." tangtos saparantos nilik kana kaayaan di Tatar Sunda ayeuna hususna di Bandung.Hatur nuhun.MSasmita
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
Do you Yahoo!?
Friends. Fun. Try the all-new Yahoo! Messenger
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

