Sae pisan Kang Budhi pamadegan teh. Tafakuraneun.
Manusa - budaya - pendidikan, tacan karaos ku sadayana yen eta tilu kecap teh sanes ngan ukur rerendengan, tapi beririsan ceuk matematika mah ......
Engke mah, ayeuna oge sae pisan, peryogi hiji wadah komunikasi, media tertulis atanapi naon lah sajabina kumaha carana basa sunda dianggo dina rupa rupa widang pangaweruh. Ari para sastrawan sunda mah da tos puguh sadidintena nganggo basa sunda. Nu sanes sastrawan, kedah kersa nyeratkeun widang elmuna ku basa sunda sangkan tiasa diaos ku balarea. Kuring keur ngemutan nyalin disertasi ku basa sunda, asa kasumangetan mendak disertasi basa Jerman ngeunaan urang sunda (baduy), ari urang sunda nyalira ...... Sok Kang Budhi seratkeun disertasina dina basa sunda oge nya, satuju? Da basa Jepang mah sim kuring teu acan ngartos . Mangga ah wilujeng .....
Salam
Ely Djulia
Budhi Setiawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Budhi Setiawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Asana ieu mah, teu aya nagara anu mopohokeun kana pendidikan, nu aya mah nganggarkeun keur pendidikannya kacida pisan kurangna, malah ceuk beja mah, ieu nagreg teh saeutik pisan keur pendidikan, eleh ku vietnam.Nagreg urang mah resep pisan kanu instan teh, saperti dina pendidikan ngayakeun sakola unggulan, sistem rangking, kelas unggulan, tujuanna cenah neangan bibit unggul, negatifna malah ngadorong kana orientasi nu kaleuleuwihi jeung henteu fair, malah bisa nimbulkeun permusuhan. Di enyana oge rek aya persaingan ulah nepi ka eksklusivisme nu ngakibatkeun mencarna dina kahirupan sosial.Pendidikan oge raket jeung kabudayaan, baheula depdikbud ayeuna jadi depdiknas, tungtuna budaya teh ngan keur pariwisata lain keur ngahuripkeun kacinta ka ieu nagreg, leuwih loba keur kapentingan bisnis. Jadi lamun cenah basa sunda rek dileungitkeun di sakola teh meureun pedah teu karasa langsung manfaatna keur dina pananglutikan, da salila ieu can loba buku dina sagala widang anu ditulis ku basa sunda. Padahal mah budaya sunda lamun hurip jeung hirup ngarupakeun salah sahiji sumber budaya nasional, beuki nyaah ka lemah cai, beuki mikiran kumaha carana sangkan ieu nagreg beuki maju. Wallahu alam.Wassalam,BSoritate permai----- Original Message -----From: sonirosaSent: Wednesday, June 09, 2004 2:57 AMSubject: Re: [UrangSunda] Re: tina novel Rakkaustarina"..Jadi jigana laumn hiji nagara mopohokeun kana pendidikan, jiga kumaha
eta nagara teh atuh?"
jiga jelema bodo dibobodo kunu pang bodona!
soni+++
----- Original Message -----
From: Chisitsu no Budhi Setiawan <[EMAIL PROTECTED]>
To: <[EMAIL PROTECTED]>
Sent: Tuesday, June 08, 2004 7:52 PM
Subject: [UrangSunda] Re: tina novel Rakkaustarina
> Disebut bakal jiga kujang dua pangadekna dina masalah pendidikan
> meureun siga urang ningali India, loba nu pinter nu ahirna teu
> langgeng kakawasaan teh.
>
> Tapi geuning nagara siga Kanada mah malah neangan jalma nu pinter,
> nepi ka masang iklan keur neangan jalma pinter, ngarah daek migrasi
> jeung jadi warga nagara Kanada.
>
> Ari di urang mah, resep kanu instan, tingali wae penjualan mie
> instan ceuk beja mah makin meningkat, padahal ceuk kasehatan kurang
> hade.
>
> wassalam,
> BS
> oritate permai
>
> > Masalah pendidikan keur negara korup mah bakal jiga
> > kujang dua pangadekna. Ditilik ti hiji sisi,
> > pendidikan teh penting sabab bakal ngaronjatkeun SDM.
> > Dipelong di gigir lain, bisa bahaya nya. Sabab lamun
> > rayatna tambah pinter, bakal loba pamentana, bakal
> > apal kana hak-hakna. Tungtungna bakal malines ka diri
> > sorangan, moal langgeng yeuh kakawasaan teh nya. Jadi
> > jigana laumn hiji nagara mopohokeun kana pendidikan,
> > jiga kumaha eta nagara teh atuh?
> >
> > MH
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> > __________________________________
> > Do you Yahoo!?
> > Friends. Fun. Try the all-new Yahoo! Messenger.
> > http://messenger.yahoo.com/
>
>
>
>
> Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
Do you Yahoo!?
Friends. Fun. Try the all-new Yahoo! Messenger
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

