Alhamdulillah Kang Adnan sawangsulna.
Usul sae pisan, ditampi kalayan ..... gaduh harepan ka wargi nu sanes oge. Di SD ayeuna barudak tos soson-soson aya nu tos les B. Inggris, atanapi dijantenkeun program ekstrakurikuler. Tapi di bumi nyalira basa ibu kedah diperjuangkeun. Memang asa kelompok madzhab para psikolog nu teu panuju barudak diajar multibahasa. Tapi sim kuring mah kalebet nu satuju. Tah buku oge pangaweruhna peryogi diserat ku sababaraha basa supados mengglobal, ..... basa sunda ngagendrung dina globalisasi eng ... ing ...eng.... derrrr ah.
Ely
kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
HAturan Teh Ely, damang?
Sae pisan kahoyong teh, ngadamel versi Sunda kanggo disertasi. Mung,
kumaha pami kieu Teh... Eta disertasi, lian ti didamel versi Sundana, oge,
pami tiasa, didamel wanda buku konvensional, diterbitkeun, teras diical ka
masarakat umum. Tesis-tesis anu sifatna aplikatif atanapi eusina tiasa
diserep ku masarakat awam, tastong langkung sae pami tiasa oge
ditembrakkeun ka luar, ulah mung janten eusi pabukon arsip universitas
bae.
isk
ely djulia nyerat:
> Sae pisan Kang Budhi pamadegan teh. Tafakuraneun.
> Manusa - budaya - pendidikan, tacan karaos ku sadayana yen eta tilu kecap
> teh sanes ngan ukur rerendengan, tapi beririsan ceuk matematika mah ......
> Engke mah, ayeuna oge sae pisan, peryogi hiji wadah komunikasi, media
> tertulis atanapi naon lah sajabina kumaha carana basa sunda dianggo dina
> rupa rupa widang pangaweruh. Ari para sastrawan sunda mah da tos puguh
> sadidintena nganggo basa sunda. Nu sanes sastrawan, kedah kersa nyeratkeun
> widang elmuna ku basa sunda sangkan tiasa diaos ku balarea. Kuring keur
> ngemutan nyalin disertasi ku basa sunda, asa kasumangetan mendak disertasi
> basa Jerman ngeunaan urang sunda (baduy), ari urang sunda nyalira ......
> Sok Kang Budhi seratkeun disertasina dina basa sunda oge nya, satuju? Da
> basa Jepang mah sim kuring teu acan ngartos . Mangga ah wilujeng .....
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
Do you Yahoo!?
Friends. Fun. Try the all-new Yahoo! Messenger
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

