baraya nu anyar lebet mah memang teu apal soal aturan jeung kabisa kuncen nu aktif.
kanu teu acan terang, KUSnet, didamel ku kang Ismail Rachman, urang cirebon-kuningan nu damel di widang IT di Jakarta sigana pakepuk, milis teu pati kaurus. nya Ua Sasmita ngajukeun diri kanggo ngurus, teras si kuring. daek soteh pedah cinta bari jeung keras kepala kana kasundaan, sanajan teu nyaho ari sunda teh nu kumaha da euweuh nu ngabejaan jeung buku2 kasundaan nu jero2na arang langka manggih. kabisa si kuring oge Ua Sas mung saukur moderator, teu bisa asup ka jero kusnet di yahoogroup-na jang nyieun pengumuman unggal bulan. ngan bisa teh ngamoderasi nu anyar gabung. bisi ngan jurig nyiliwuri. ngamoderasi oge sok sering kabobolan da keur riweuh ku cicing. aturan saleresna mah, aya netiket nu berlaku saalam dunya dina utamana dina tatakrama ngirim e-mail. kalebet naon nu diserat kang Dur. tah ayeuna japri si kuring atawa kang ismail rahman di [EMAIL PROTECTED] saha bae nu kersa janten kuncen. duaan mah, si ua sas jeung si kuring, asa teu katanagaan. ari kuring ngajalankeun pancen, sapertos masang larangan teu meunang chating, malah sok dikekeak ku jelema nu teu ngarti (atawa embung ngarti) netiket milis.... si kuring teu nepi ari ambek mah, karunya we nu aya: boga baraya teu acan pati ngartos yen sanajan di internet, aya aturanana. jeung saterusna. sakitu ti kuncen #3 Mj http://geocities.com/mangjamal ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar. Now with Pop-Up Blocker. Get it for free! http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

