|
assalamu'alaikum,
hapunten bilih email ieu teu lebet kana email nu teu
perlu.
sim
kuring sapagodos pisan sareng naon anu diserat ku abah abbas, komo anu masalah
attachment nu teu perlu mah.
tapi
(punten aya tapi na), sim kuring teu sapagodos dina kalimat ieu...
Lamun kuring ningalan "seratan" anggota di na posisi
WEB only , langka pisan nu mamawa attachment teh . Jaba para anggitana teh nya
nu biasa we , jarang nu kirang "dikenal" ; na atuh ari kuring asup ka US dina
posisi individual emails ; eta nu tara mosting teh
murudul...
panginten sim kuring oge kalebet nu teu acan dikenal ku abah. da sim
kuring teh nembe gabung sareng milist US sasih januari 2004
kamari.
berarti sim kuring oge kalebet anu bade dicekal kitu? anu hartosna teu
kenging ngiringan milist US deui? kedah kaluar alias
unsubscribe?
upami
leres kitu maksadna, naha atuh ari daftar di milist ieu meni ka gampil. teu
kedah aya approval ti moderator kitu?
atanapi upami moal nampi anggota-anggota anu enggal, kedahna dijantenkeun
milist exclusive. teu tiasa nampi pendaftaran alias subscribe anggota
enggal.
upami
tos kitu mah pan anggota na teh nu eta-eta we alias nu tos biasa
tea.
kieu
geuningan anu ngajantenkeun urangsunda pareumeun obor teh. teu kenging ngiring
ngariung sareng wargi salembur.
hapunten bilih seratan sim kuring aya kalepatan.
wassalam,
yudi
tea
|
- [UrangSunda] Preman Milis Abbas Amin
- [UrangSunda] Re: Preman Milis E_Ruska_Nugraha
- Re: [UrangSunda] Preman Milis sarabunis
- Re: [UrangSunda] Preman Milis--dengki durahman
- RE: [UrangSunda] Preman Milis Noviardi, Yudi
- RE: [UrangSunda] Preman Milis kumincir
- RE: [UrangSunda] Preman Milis R. Duli Dimyati D.

