Noviardi, Yudi nyerat: > panginten sim kuring oge kalebet nu teu acan dikenal ku abah. da sim > kuring > teh nembe gabung sareng milist US sasih januari 2004 kamari. > berarti sim kuring oge kalebet anu bade dicekal kitu? anu hartosna teu > kenging ngiringan milist US deui? kedah kaluar alias unsubscribe? --------------- Ulah lepat hartos, Kang Novi. Jigana maksud si Abah mah kamari2 sateuacan anjeunna nga-set individual, eusi posting teh teu seueur nu aya attachment-na. Na ana jol diset kitu, barang aya nu ngintun rada ngagayot. Jadi, kabeneran! Piraku make aya nu sentimen ka si Abah mah... Ti kuring pribadi, justru miharep ka nu sanesna, nu biasa noongan, janten ngiring aktif ngeusi jejer2 nu dipadungdengkeun di ieu milis. Naon margina miharep nu sanes aktif posting? Kumargi, ceuk kuring pribadi, beuki loba nu ngedalkeun pipikiranana, pangaweruh urang bakal beuki jembar. Da milis ieu mah wandana lain milis ceramah, tapi leuwih ka milis diskusi, nya utamana mah nu patali jeung kasundaan. Kitu panginten.
isk ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70 http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

