haha... gara2 bah amin sorangan, kusnet jadi hareeng. 

abah abas amin mah geus watekna kitu. mun aya nu teu panuju jeung manahna sok jadi 
rungsing.

baraya heubeul mah pasti apal, baheula bah amin kungsi nyarekan si kuring, perkara 
undak-usuk basa. nyarekan laklak dasar. (ari laklak naon?) edun pisan. bari ngan ukur 
salah harti. pedah ceuk kuring (sabenerna mah lain ceuk kuring, ngan ukur nepikeun 
beja ti abah surya) hasil kongres basa sunda di garut nu nyederhanakan basa sunda jadi 
ngan dua, basa merenah jeung basa loma. undak-usuk hitut asup ka dua eta wadah.

mangga we. da si kuring full ma'lum, anjeuna mah di balikpapan, tebih ti puseur tatar 
sunda. 

ayeuna soal atacmen. beu. kamari2 teu aya nu protes atawa usul sangkan atacmen 
dieuweuhkeun. kungsi baheula basa kusnet kaasupan jurig, bom e-mail ti nu di jerman nu 
eusina gambar2 porno.

soal UU milis, si kuring boga kayakinan, yen baraya kusnet geus darewasa. apal mana nu 
hade jeung pantes di posting mana nu henteu. da sigana nu posting hiji hal oge, niatna 
mah hade meureun, babagi informasi. sanajan geus overloaded ku informasi. biasana ti 
milis sejen.

hiji hal nu wajib, sabisa-bisa make basa sunda, kecuali beja ti koran atawa ti mana 
bae, utamana nu aya patali jeung sunda oge kasundaan. lowongan damel oge kaci,dina 
bahasa naon oge, mamanawian aya dulur nu masih keneh nganggur bisa lebet damel. 
peupeuriheun urang teu bisa mere pagawean.

si kuring jarang ngagunakeun otoritas kuncen nu bisa ngamoderasi, mupus posting nu 
anyar asup, kecuali nu jelas2 eusina iklan web porno....

sakitu ti seksi ripuh jeung tukang katempuhan
kuncen

Mj

http://geocities.com/mangjamal



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
     http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
     [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
     http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke