Wayahna we mang J, keun sugan jadi ladang amal cape cape oge...
Ayeuna mah lamun aya baraya kusnet anu masih keneh hoyong ceting jeung sajabana, sina lebet wae ka gankleboy, jadi bakus mah beresih tina kagiatan ceting jeung sajabana anu ngajadikeun riweuhna kuncen kuncen..
 
tatan
 
-----Original Message-----
From: mj [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Friday, June 11, 2004 1:26 PM
To: [EMAIL PROTECTED]
Subject: [UrangSunda] abas amin mah sok rungsing euy!


haha... gara2 bah amin sorangan, kusnet jadi hareeng.

abah abas amin mah geus watekna kitu. mun aya nu teu panuju jeung manahna sok jadi rungsing.

baraya heubeul mah pasti apal, baheula bah amin kungsi nyarekan si kuring, perkara undak-usuk basa. nyarekan laklak dasar. (ari laklak naon?) edun pisan. bari ngan ukur salah harti. pedah ceuk kuring (sabenerna mah lain ceuk kuring, ngan ukur nepikeun beja ti abah surya) hasil kongres basa sunda di garut nu nyederhanakan basa sunda jadi ngan dua, basa merenah jeung basa loma. undak-usuk hitut asup ka dua eta wadah.

mangga we. da si kuring full ma'lum, anjeuna mah di balikpapan, tebih ti puseur tatar sunda.

ayeuna soal atacmen. beu. kamari2 teu aya nu protes atawa usul sangkan atacmen dieuweuhkeun. kungsi baheula basa kusnet kaasupan jurig, bom e-mail ti nu di jerman nu eusina gambar2 porno.

soal UU milis, si kuring boga kayakinan, yen baraya kusnet geus darewasa. apal mana nu hade jeung pantes di posting mana nu henteu. da sigana nu posting hiji hal oge, niatna mah hade meureun, babagi informasi. sanajan geus overloaded ku informasi. biasana ti milis sejen.

hiji hal nu wajib, sabisa-bisa make basa sunda, kecuali beja ti koran atawa ti mana bae, utamana nu aya patali jeung sunda oge kasundaan. lowongan damel oge kaci,dina bahasa naon oge, mamanawian aya dulur nu masih keneh nganggur bisa lebet damel. peupeuriheun urang teu bisa mere pagawean.

si kuring jarang ngagunakeun otoritas kuncen nu bisa ngamoderasi, mupus posting nu anyar asup, kecuali nu jelas2 eusina iklan web porno....

sakitu ti seksi ripuh jeung tukang katempuhan
kuncen

Mj



Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke