Ari kitu mah rupina kaci di repro Ua. Jakatna mah keun urang alungkeun ka Kencleng, khususkeun we ka nu ngadamel....
 
Diantos pisaan...
 
 
pun hendri
Kantos diajar ngacapi, guruna pundung da muridna belegug...
-----Original Message-----
From: MSasmita [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Thursday, June 10, 2004 8:09 PM
To: [EMAIL PROTECTED]
Subject: [UrangSunda] Audio CD ti RRI Bdg

Kang Hendri...prosesna milarian eta rekaman teh pedah kantos ameng ka RRI Bandung, teras ngobrol sareng Pa Juju, penyiar, anjeuna sadia mangmilariankeun rekaman heubeul, malih kantos ditangalikeun rekaman dina kaset sagulung ageung (sanes kaset biasa  nu  diical ditoko musik), dina eta kaset teh mung diserat taun rekaman, sareng jenis rekaman teu jelas saha nu rekaman.
Harita abdi nyuhunkeun direpro kana CD.
Nya janten 4 CD tea.
Dinten ieu teh diniatan bade di repro di kantor tapi geuning CD Writer-na nuju di anggo, duka kamana dipilarian teh nuju teu aya.
Ke lah upami tos di repro ngawartosan deui.
 
MSas
 


Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke