Saleresna mah mandeg mayong bade tret nyerat teh. Nu mawi, bet ras emut ka Almarhum Bapa Ilen Suryanagara. Harita teh, asana mah teu can panceg saminggu ti medalna seratan sim kuring dina Mangle (upami teu lepat mah No. 1216) judulna �Saha Ari Si Kabayan ?�, sim kuring nampi panyaur ti Pa Ilen Suryanagara sangkan dongkap ka bumina, saurna aya patula-patalina sareng Si Kabayan tea. Dina waktosna sim kuring nyaosan panyaur, anjeuna �ngajengkeun panuhun�, kieu saurna :�Cing Din pangnerangkeun, ari nu disebut ahli teh naon ?� Masya Allah, ari sugan teh moal aya pamundut lagu samodel kitu. Daek bagja salawasna sumpahna ge, asa disak-seter ! Naon margina ? Atuh saha anu bireuk ka anu jenengan ILEN SURYANAGARA ?

Kawasna, mun tea mah Teh Ely teh estuning naros ka kuring bari mencrong kawas Pa Ilen harita, keur kuring mah atuh meureun sak-seter deui wae ! Tapi lamun teu bisa ngajawab, ngandung harti kudu eureun jadi Urang Sunda ! Ke heula anan ! Kasimpulanana, dor lah !

Kieu manawi, Teh Ely, ulah nyarekan upami lepat, upami keukeuh bade nyarekan, sumangga carekan wae Abah Surya, da bongan tara pisan kersa ngelol !

Rarangken �nya� atanapi �nga� ngandung hartos ngalampahkeun naon rupi anu dimaksad ku kecapna, kitu rupina minangka �definisi�-na. Dumasar ka dinya :

A.     5 NY teh rupina kieu :

1)      Nyunda, ngandung hartos mibanda sarta nembrakkeun laku-lampah sakumaha budi-basa sakumaha ialaharna Urang Sunda. Kedahna mah cekap dugi ka dinya, nanging kumargi ayeuna mah seueur anu ngangkeun Urang Sunda bari teu uninga nu kamaha ari Urang Sunda, waleranana teh kawasna moal cekap 4 SKS ! Inohong anu resep bari remen maguntrengkeun �Nyundakeun Urang Sunda� di kalangan Kampus �Non Basa & Sastra Sunda� di antawisna Prof. Dr. Ir. Ganjar Kurnia, DEA di Fakultas Pertanian UNPAD anu mana upami pareng amprok sareng sim kuring mah sanes guntreng, tapi ���. pasea ! Bongana beda suku, itu mah Prof. ari uing atung eneh-atung eneh !

2)      Nyakola, hartosna hade tagog hade gogog, alus laur hade tangtung, someah hade ka semah, lungguh timpuh tapi mancur pamor elmuna sakumaha ilaharna waruga jalma anu pinuh ku elmu, anu jembar ku panalar, jalaran junun sakolana.

Samodel sareng anu di luhur, ieu oge parantos sesah dicepengna, jalaran jaman ayeuna �ambek sadu santa budi� teh teu acan kantenan kapibanda ku marantena anu luhur sakolana. Sanes sugan, ieu mah kanyataan.

3)      Nyantri, hartosna getol pisan ibadahna, taya waktu nu kalarung, taya mangsa nu kaliwat, geusan sumembah ngabdikeun diri sapuratina ka Gusti Nu Murbeng Alam. Antara dzikir binarung mikir sareng mikir binarung dzikir teu katara aya beda ku saruna. Jalmi anu sapertos kitu teh di Bekasi mah sanes lumayan ��� sesah mendakna !

4)      Punten, sim kuring nembe nguping kecap nyantika, nanging upami leres aya, mangga hartoskeun ku nyalira dumasar kana �definisi� anu dikaitkeun sareng hartos kecap santika. Kecap santika mibanda dua hartos. Kahiji, santika teh elmu perang. Kadua, biasa oge disebat santika nyaeta jalmi anu tapis ngangunakeun pakarang dina hartos pakarang perang jaman kapungkur.

5)      Nyantana, hartosna teh miyuni para Santana. Naon atuh Santana teh ? Ayana kecap Santana moal lepat mangrupi pituduh, yen Urang Sunda teu api lain kana kahirupan sasamana. Saha ari anjeun, naon kabisa anjeun, kumaha kahirupan anjeun, rupina teu leupas tina panalungtikan. Da eta geuning buktosna, bet aya istilah menak-santana-cacah anu samodel sareng kasauran Aristoteles anu nyebatkeun yen manusa di ieu dunya teh ngawengku tilu golongan, nyaeta anu beunghar pisan-anu beunghar-anu kokoro nyoso. Saur Prof. Soerjono Soekanto mah : lapisan atas-lapisan menengah-lapisan bawah.

B.     5 ER teh rupina kieu :

Ieu papagon sepuh Sunda kapungkur anu ku anak incuna buyutna dimomorekeun, da nyeta �meureun� pedah modongholna ti jalma nu ngaku bodo. Benten sareng anu diajarkeun ku bangsa deungeun nyaeta nu disebat IQ, EQ, sareng SQ, padahal naon atuh leuwihna tina kekecapan Cageur-bageur-bener-pinter-singer ? Geura urang tataan :

1)      Cageur, lemesna damang, hartosna sanes ngan sakadar lahirna, nanging oge sareng batinna. Da kapan sanes mung saukur aya, jalmi anu sehat lahirna tapi batinna katarajang panyakit. Aya oge anu sehat batinna, lahirna pikawatireun. Anu parna mah teu damangna teh lahir-batin ! Mangga nyanggakeun, kawas kumaha IQ, EQ, SQ jelema gering ?

2)      Bageur, hartosna hade hate sarta hade laku lampah. Tatakrama salamina janten dadasar budi-basa sareng tingkah-paripolahna. Hormat ka saluhureun, ngajen ka sasama, sarta nyaah ka sahandapeun, kitu petana jalma anu mibanda sifat bageur. Tara adigung-adiguna, ieu aing uyah kidul. Tara agul ku payung butut. Ieu mah rupina urusan EQ.

3)      Kecap bener upami dikeunakeun kana sipat jalma, hartosna teh lempeng atanapi jujur, salamina aya dina sirtol mustaqim. Kapan urang neda ka anu kagungan supados salamina dina dina jalan anu lempeng bener teh ayeuna, salami hirup di dunya, sanes engke di akherat. Ieu mah panginten urusan SQ.

4)      Pinter, hartosna cerdas, henteu �telmi�, encer uteukna teu kawas sim kuring ayeuna, nyaeta hese apal babari poho ! Nu ieu rupina urusan IQ anu cenah sipatna teh kawas beton atanapi beusi coran, di mana tos ngawujud, moal tisa dirobah deui. Sedengkeun ngawujudkeunana teh ti mangsa dina kandungan ibuna keneh. Lebah dieu, mangga perhatoskeun ajaran sepuh kapungkur, kumaha carana ngaraksa-ngarika kandungan. Kapan kacida apikna !

5)      Singer, hartosna hade gawe bari hideng. Carek istilah ayeuna mah panginten aktif-kreatif sarta parigel. Ngarah singer, cenah, ayeuna di sakola-sakola bade diterapkeun kurikulum berbasis kompetensi (KBK). Duka teh teuing bakal kumaha prakna, komo lamun enya tea mah sakolana teu mayar, beuki we kawas bola kusut diacak hayam !

Sakitu bae rupina Teh Elly, pangrojong ti Sim Kuring, mudah-mudahan aya guna sareng mangpaatna. Perkawis asbabun nuzulna wallohu alam. Hierarki, prak-prakan sareng conto profilna mah, nyanggakeun ka pangersa.

 

Baktos,

Pun Didin



djulia247 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Asaalaamu'alaikum para wargi.
Mugia damang sadayana. Atuh ka nu nuju teu damang mugia dipaparin
kakiatan tur kasabaran ku Manten-Na. Amien.

Ieu aya pamundut, sim kuring bingah pisan pami aya nu kersa medar
tur ngaguar 5 NY : Nyunda - Nyakola - Nyantri - Nyantika - Nyantana
sareng      5 ER : Cageur - Bageur  - Bener   - Pinter   - Siger
dina hal:
1. definisi
2. asbabun nuzul
3. hierarki
4. prak-prakan
5. contoh profil

Hatur nuhun kana perhatosan sareng pedaranana.
Ely Djulia



Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id




Do you Yahoo!?
Friends. Fun. Try the all-new Yahoo! Messenger

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke