wah ceu dewi meni nyusahkeun nu maca tapi alus oge he he he

Kania Dewi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Ass.wr.wb,

Abdi maca bagean carita lucu na majalah MANGLE, atuh meni calangap teterasan dugi ka akhir carita, mangga cobian geura...

Mang Darta

Aya warta ka mana-mana, majar Mang Darta asal-asalna aya darah paranakan babah. Ngan ngarah taya sangkaan gagabah ka sakadang warga sarta ka baraya-barayana malah ka Mang Darta-na pangpangna mah, mangga mangka kapapay sagala kaayaanana, pangalamanana lan sagala lalampahanana.

Mang Darta asal-asalna mah nyata asal Babakan Tarahal, kacamatan Sagala Nyampak, kawadanaan Tara Maraban, bawahan Jawa Barat, 'na lahan Galagat Bagja, narah kabawa sakaba-kaba.
Basa anyaran bral ka alam fana, sataranjang lancar bangblas ngagalasar kana palawangan Mamahna. Ngan, hanjakal Mang Darta awakna rada tanpadaksa. Dampal pananganana rada rarampal, cacad kawas-kawas bakal taya kamarasan taya tanaga badag, taya daya tangan pangawasa kana ngarah pakasaban. Ngarah sandang ngarah pangan, gampang ngabanda papan, sangkan saanak-garwa manjang lana barang dahar. Taya babasan kalantar nandangan lara sangsara balangsak, tangka ka kapaksa ngarayap ka tatangga ngarandang ka baraya atawa namprak-namprak dampal panangan mawa rantang karancang mapay-mapay jalan raya mangkal na saban parapatan, dangah ka jalma-jalma salalar na kandaraan, kalayan calangap bahamna ngangab-ngangab nadah kanyaah sarta wakca balaka mamandapan, ngambat-ngambat, "Maap... Gaaaaan... aya manah ka jalma tanpadaksa... alakadarna 'darma'na tanda aya kanyaah... sabaraha... mangga...!"

Mangsa Mang Darta aya kahayang, hayang ngajaran ngambah sagara gagarwa, sabada aya rasa nyalasar panah asmara kana awakna, nya lahlahan balaka ngalamar ka Ma Salamah, randa lawas lalagasanana, tatangga Mang Darta ngan kahalangan sababaraha pakarangan tambah wahangan panjang.

Mang Darta laksana magarwa Ma Salamah randa balabah aya kanyaah ka sasama haat ka jalma aya kahayang. Mang Darta, Ma Salamah saban mangsa salawasna rarayna pada marahmay sabab langka salah papahaman. Saban Mang Darta aya kahayangna, Ma Salamah tara nyanggah tara mapalangan. Sagala kahayang Mang Darta katadah kaladangan kalayan sakatanagaanana. Sadrah ngalayananana sanajan kaayaan sang raka awakna tanpadaksa sabab sang raka lan sang garwa sawakca samaksad samanah saparasaan, basa aya palaksanaan acara 'rapalan'.

Allah-taala mah Maha Akbar, Maha Kawasa, Maha Nyaah ka jalma-jalma ka sasaha. Basa tamat Ramadan, datang pananggalan Sawal saacanna wayah bray-brayan caang narawangan aya cahaya marakbak sacakrawala mapag mangsana 'salat raya barjamaah', Mang Darta kalayan Ma Salamah kadatangan Abah Santana, jalma pangkaya-kayana sababakan.

Tanahna ngablak sawahna mayakpak sampalan antay-antayan. Babantar paragpag parayna rayap tambakang bargas sagala aya. Hayam rayap na kandangna na sayangna, tara gagalapakan asalhayang, gampang nyagap ngaragamang anggang kana matak batal-haram asal alatna asak asah babacaanana lancar katalar, dada hayam bakal kaasakan kaasaan kadaang matak maslahat kana badan narah ngadawa ngabalas kana kasalahan lampah jalma jagana, taya bahan pancabaya.

"Abah ngahaja nganjang ngadatangan Mang Darta lan Ma Salamah," Abah Santana ngabalakan wawakca, "Tah, tampa zakat, malah mandar awak Abah nyacas aya tandana aya kanyataanana. Sanajan alakadarna hayang aya jagrag sarat-saratna papajang bag-bagan agama narah kalanggar. Sabab Abah tamat nahan lapar nahan dahaga nahan hanaang nahan amarah na mangsa sapanjang Ramadhan ngahambal kana pananggalan Sawal."

"Hahahaaaaaah!" Mang Darta ngahahah, ngarasa bagja. "Aya salakasa mah, sababakan balatak rayap jalma pantaran bangsa Abah Santana, badag jasa amal-amalanana, balabah sadrah nyaah ka sasama."
Barabat Abah Santana, Mang Darta, Ma Salamah ngagalantang mapat babacaan zakat, 'ajarakallab... al ayah, tambah hamdallah!' [MANGLE 1943, 18-24 Desember 2003, Akub Sumarna]

wassalam, KD



Kania Dewi
Institut f�r Verfahrenstechnik des Industriellen Umweltschutzes
Montanuniversit�t Leoben
Peter Turner Stra�e 15
A-8700 Leoben Austria
Home : Hans V D Sann Gasse 3 A-8700 Leoben Austria
Handphone: 0676-4108528


Do you Yahoo!?
Friends. Fun. Try the all-new Yahoo! Messenger

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id




Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail - Helps protect you from nasty viruses.

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke