mun seug make carita atawa sajarah baku, yen agama islam lebet ka tatar sunda teh bareng jeung runtagna karajaan pajajaran, nya meureun jaman syarief hidayatullah -sunan gunungjati tea, kian santang, jeung saterusna, sajaman jeung raja pajajaran pamungkas, namina he love deui, tapi aya dina buku sajarah sunda karangan yoseph iskandar, nu jelas sanes nu gaduh gelar prabu siliwangi atawa sri baduga maharaja.
masih numutkeun sajarah baku eta, wewengkon ts nu munggaran lebet islam teh nya panginten cirebon terus banten. antara dua wewengkon ieu harita masih ngagem agama asli (mun lain agama asli, sigana hindu atawa budha). nya pastina ti harita basa jeung huruf arab nyebar di urang (nusantara mah beh ditu mula, mun ngitung islam munggaran lebet ka samudra pasai tea di aceh ayeuna). dalah kungsi keur jaman dijajah kompeni, perjanjian teh make huruf arab tapi basa malayu (ieu cap cenah, bukuna duka dimana jeung nu mana). da, cenah deui, perjanjian kompeni jeung raja bali, make huruf arab basa malayu. mun hindu budha teu aya tapakna di tatar sunda, nya meureun pangaruhna teu sakuat siga di wetan nu loba candi, atawa teu nyeceb jero. di garut aya candi cangkuang, candi naon eta, hindu atawa budha? soal lilana ti arab nepi ka urang- mun enya lila- nya make alam harita, transportasion jeung komunikasion, make jalan darat komo laut, can samaju ayeuna. mun enya nu nyebarkeun agama islam ti gujarat-india, ku cara bari dagang bisa jadi. sabab di urang loba wewengkon nu turunan india, oge beh dieu sigana mah, arab. ari keling teh nunjuk ka urang arab atawa india? keling teh hideung. urang arab nu kadieu nu harideungna. tapi lain negro. atawa ras campuran meureun. arab nu deukeut jeung afrika hideung, rasna -sigana-geus campur. di urang aya turunan arab, utamana di basisir siga cirebon. nu ceuk cenah mah ti yaman. ari yaman teh lebahna memang di handapeun arab saudi, sisi basisir laut india. mun ti dinya naek parahu lempeng ka wetan nepi ka urang. aya jeung loba nu ngupayakeun aya pakaitna sunda jeung islam, lolobana sacara tasawuf atawa filsafat, utamana dina noong yen ajaran islam jeung filsafat sunda (sigana ti agama asli sunda) teu jauh. nu dasar we, US baheula geus percaya yen pangeran teh hiji. monoteis tea. hal ieu, monoteis, nu paling dasar ti agama langit nu turun di arab. asana mah, china nu datang ka urang oge, nu baheula, ngagem islam. malah ceuk sakadang cenah deui, aya wali songo nu aslina mah china (wali songo nu pituin urang pulo jawa mah cenah, syeh siti jenar, nu sejen mah imigran). sunan gunungjati oge asana mah campuran, istrina aya nu cina (make aya, bisi leuwih ti hiji). Beda Alam Arab, alamna padang pasir (lapangan keusik). jarang -boa teu aya- tatangkalan-leuweung geledegan siga di urang. jadi teu aya tempat-tempat hieum atawa geueuman, sabab fasilitasna teu aya (tangkal gede atawa leuweung geledegan). di urang mah, komo jaman baheula eta, masih aya jeung loba. dina sajarah (di Qur'an oge aya carita sajarah para nabi), asa teu kungsi aya beja nu nyembah-mangeran ka tatangkalan siga di agama primitif di tempat sejen nu boga leuweung, kaasup di urang, aya oge kana seuneu jeung patung. nya, sabab teu aya tatangkalan badag di arab mah. di urang aya. oge pangaruh animisme tea, yen sagala rupa di luar jelema jeung sato, boga nyawa atawa roh. tapi duka ketang :p Mj http://geocities.com/mangjamal ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70 http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

