asana kantos kenging katerangan yen aya ayat-ayat Qur'an nu turun enggoning masihan hiji aturan/hukum dina ayana hiji peristiwa. mun ceuk legegna mah, ayat-ayat kitu teh sifatna konstekstual.
ku alesan kitu, aya ulama nu dina ngahartikeun hiji ayat, maluruh situasi ayat eta turun. siga Shalat Subuh nu make Qunut, cenah eta mah mangsa keur perang. geus damai mah teu kudu. aya nu keukeuh kudu Qunut. palebah ayat nyandung eta, mun maluruh mangsana ayat turun, cenah mah, harita tos perang. seueur istri nu janten randa. tah konteks nyandung harita langkung kana aspek sosial, sanes birahial. ongkoh budaya arab harita, nepi ka ayeuna, istri teu pati dikondisikeun teu pati tiasa mandiri, dina harti siga di urang, istri kamana-mendi, damel di kantor, malah apan jadi presiden sagala. para randa harita disina ditikah ku pameget nu sanggup (sanggup utamana dina masalah nafkah material) sangkan kaurus, utamana perkawis nafkah lahir (duka batin mah, nya sapaket sugan :p, utamana eta, kusabab istri mah dibumi, aya pameget nu milari nafkah. adat suradat US dina pernyandungan.... eta nyandung di urang jadi salah sahiji cara jang aktualisasi diri. utamana mun aya US ngarasa sukses usahana, sok hayang nambah istri. ieu seueur kajadian. ku sabab teu tiasa adil suradil, biasana sok jadi goreng atawa teu hade caritana teh. usahana teu maju atawa bangkrut malah..anak ti istri senior semu2 'rusak' da milu pangnyerikeun hate indungna, jeung saterusna. ayat konstektual hartina bisa berlaku jeung dipake dina kondisi nu sapertos kaayan ayat eta turun. lamun seug jumlah istri baleg (dewasa maksudna) langkung seueur tibatan pameget (nu baleg oge), siga kaayaan tos perang, pamaget seueur nu perlaya, jadi loba randa. daripada jaradi 'parawan tua' atawa randa, teu aya nu ngurus, nya ayat eta tiasa diterapkeun jang dasar hukum nyandung. ongkoh tiasa diterapkeun oge kanggo nyegah para pameget -nu ipis iman, tapi kandel si emen- 'ngecer'. ajaran Islam, asana, seueur nu sifatna preventif, nyegah. beh ditu, seueur raja atawa ulama nu nyandung atawa selir-harem, lain kusabab manehna hobi wungkul, tapi disisi lain, seueur sepuh nu gaduh parawan, masrahkeun putrina ka eta raja atawa ulama, nya, ngalap berkah jeung paktor katurunan. boga incu turunan raja atawa ulama kahot, jeung saterusna. istri seueur salah sahiji cara nyeueuran turunan, balad nu engkena baris bumela ka karajaan, sanajan seueur kasus, yen cara kitu teh, justru oge pangkal runtagna karajaan, alatan parebut warisan atawa tahta. ceuk cenah, cara Saud (raja munggaran arab saudi) ngahijikeun jazirah arab saudi ayeuna ku cara kitu: nikah ka putri masing2 kepala suku. jadi we ngahiji tah jazirah arab teh. disebut Arab Saudi, sabab nu ngahijikeun suku2 bangsa badewi di jajirah eta, Saud. ibnu Saud. malah duka dina buku naon he love, bupati bandung duka jaman saha, kantos gaduh selir 40 urang cenah. pangeran diponegoro teh anak raja mataram ti selir. perang melawan belanda teh ceuk sajarah standar, da cenah, saur bah Willy asana mah, nu matak Diponegoro ambek teh, sabenerna urusan intern karajaan mataram. ditilik tina sajarah kitu, nyandung nepi ka opat teh, kamajuan. da baheula mah istri atawa selir teh, nepi ka ngaratusna..edun! wallahu alam... Mj http://geocities.com/mangjamal ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70 http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

