Nepangkeun abdi kang syarief, abdi eko ari kawit mah ti indihiang- tasik ari ngaborojol mah di cirebon kaleresan pun bapa nuju dines di cirebon.
Ayeuna abdi linggih di bogor ari macul mah di jkt janten tukang kiridit kang he he...... Mangga kang sakitu heula ti abdi, mudah-mudahan ku ayana milis urangsunda ieu tiasa manjangkaeun babarayaan sareng silaturahmi urang sadayanannya. Hatur nuhun @ERN --- In [EMAIL PROTECTED], achmad syarief <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Punteh ah ngiring ngalangkung bade nepangkeun ma'lum member enggal. > Ieu mah minangka 'perkenalan' singket..supados apal teu ngasaha- saha, > etang-etang manjangkeun duduluran. Mugia ditampi perkenalan-na. > > Nami resmi: Achmad Syarief > Nami sadidinten: Syarief (Achmad mah nami turunan ti uyut, aki, > jst...rada mengpar sakedik tina umumna nami Sunda..tapi dijamin lah > Ka-sunda-an na mah, hehehe) > Lembur aslina Bandung (ti ngawitan borojol, lumpat, sakola, ngulik > kaulinan, papacangan, jatukrami, dugi ka buntutan). Kasebat teureuh > Ciawi Tasik ti kulawargi pun biang upami pun bapa mah ti > Pangalengan-Bandung. Ngadahup ka mojang Priangan teureuh Subang, ayeuna > tos buntutan hiji lalaki 5 taun nuju meumeujeuhna nalaktak disakolakeun TK > di Jepang. > > Apal ka ieu milis teh minangka dijurung ku kang Jamal (ayeuna mah janten > penulis kahot...meni reueus), rerencangan sakola di ITB. > > Dicekapkeun sakieu heula, nuhun. > Wassalam, > Cag... > Syarief > > ===== > Achmad Syarief - Doctoral student, Design Psychology Lab Building G-408 > Graduate School of Science and Technology Chiba University > 1-33 Yayoi-cho Inage-ku Chiba 263-8522 JAPAN 043 290 3717 > > > > __________________________________ > Do you Yahoo!? > Yahoo! Mail - 50x more storage than other providers! > http://promotions.yahoo.com/new_mail ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar. Now with Pop-Up Blocker. Get it for free! http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

