Sae atuh upami parantos aya definisina mah, namung (cerewednya ???), 
naha eta sebatan "akang/kang" teh sanes jiplakan/turunan/tarjamahan/tuturut munding 
tina sebatan ; Mas (Jawa)/Bang (Betawi) ...???
Sok atuh para wargi anu arahli urang bejer beaskeun........
Supados genah tumaninah kasadayana.
 
Pihatur
 
SSW

oman abdurrahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kang,

Rupina dina budaya Sunda, kecap atawa sebutan "akang" teh tos jadi "icon" anu 
nyorangan, heunteu pakait sareng umur atawa darajat pangaweruh, jsb. 
Sakurang-kurangna, kitu "revitalisasi" anu dicekel ku....hanjakal karek ku 
sorangan....hehehe.

Namung, maksud mah kieu: tina pangalaman anu karandapan, sebutan "ayi" ka sahandapeun 
kadang katarimakeun ku anu disebutna teh siga ngamenakeun, jadi anjeunna nolak 
sapogodosan. Atuh dina obrolsan sapopoe, sebutan "akang" teh langkung karasa mawa 
warna kasundaan, tinimbang karasa salaku kecap anu nuduhkeun umur atawa darajat. 

Aya eta oge anu migunakeun kecap sejen. Upamana bae, Abah Surya sasari migunakeun 
kecap "agan". Namung ieu teh heunteu ka asal bae, hartina heunteu digunakeun ka satiap 
jalmi. Sebutan sejenna, upamana bae "Ki", rada beurat oge ngalarapkeunna. Sabab, 
salian ti pikeun ngahormat kana kalungguhan anu disebut "Ki", kalan-kalan sebutan "Ki" 
teh aya dina tempat anu rada heunteu pati dipikaresep. Upamana bae: Ki Dukun, jsb. 
Hartina, "Ki" bisa larap sacara umum.

Ti heula kungsi dipadungdengkeun dina milis, yen sebutan "Ki" di Sunda leuwih larap 
salaku harti "the" (definite article) dina Basa Inggris atawa "Al-" (isim makrifat) 
dina Basa Arab. Hartina, anu di hareupana make "Ki" teh hiji sebutan atawa ngaran anu 
geus tangtu hartina. Ananpon "tangtu"-na eta gumantung pamahaman sewang-sewangan jeung 
"konteks" obrolan atawa wacanana. Lebah dieu, sigana harti sebutan "akang" oge di Suda 
ayeuna geus ngajanggelek jadi harti anu tangtu tea ("the" atawa "al" dina basa sejen). 
Dina kecap/sebutan "akang", anu geus tangtuna teh nyaeta: yen anu disebut atawa anu 
nyebut atawa duanana eta ti (budaya/masyarakat) Sunda atawa ngajak asup migunakeun 
basa jeung budaya Sunda. Kumah upama kitu "revitalisasina", Kang?

Baktos,
manAR 




Didin Kustandi wrote:

NGABASAKEUN



Tadina mah maksud nulis teh rek �mairan pamairan� kang Ade A. Komara anu di Jepang tea 
perkara �Peluang Ki Sunda jadi Presiden�. Tapi, kakara tret (tret mah lamun nulisna ku 
pulpen, nya ? � ari ku keyboard, naon atuh ?) ....... nu ngajeblag dina monitor teh 
kieu :

Kang Ade, perkawis pasipatan Urang Sunda ��

Tah, kakara tepi ka dinya, ieu hate bet jadi galecok sorangan, naha bet jadi kang Ade, 
kapan kamari mah nyebut teh Ayi Ade ? Heu-euh, nya ! Tapi asa mending nurutan kang 
Oman, nyaeta paakang-akang ! Leuh, atuh meureun jadi teu puguh ari kitu mah, sabab 
ngandung harti teu make aturan ! Ongkoh cenah KUSNET teh boga maksud ngaraksa-ngariksa 
basa ! Mun kitu carana mah, atuh meureun ngandung harti henteu ajeg, alias "tidak 
konekwen" tea !



E-e-eeeeeeeeeh, na bet jadi �haneut� geuning ? Urang bahas we atuh, nya !



---------------------------------
Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail is new and improved - Check it out!

[Non-text portions of this message have been removed]




PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate 
antivirusnya.

Yahoo! Groups Links







---------------------------------
Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail - 50x more storage than other providers!

[Non-text portions of this message have been removed]




Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id

Yahoo! Groups Links







[Non-text portions of this message have been removed]



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70
http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
     http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
     [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
     http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke