Kang Oman oge Kang Didin, ceuk pangemut sim kuring mah
perkara ngabasakeun teh kumaha situasina, janten
'adaptif' panginten. Maksadna kieu, naon anu
didugikeun ku Kang Didin teh sae pisan, nyaeta
ngabasakeun nganggo pancakaki tea, mung rupina nenbe
tiasa digunakeun kanggo komunikasi dimana kadua pihak
tos jentre pancakakina, jelas yuswana. Tah upami kadua
pihak anu komunikasi tea teu acan jelas pancakakina,
panginten naon anu ku Kang Oman didugikeun langkung
komunikatif, nyaeta ngagunakeun babasan cohag. 

Aya pangalaman kuring sakedik dipangumbaraan. Nyaeta
komunikasi kuring sareng batur kuring anu sanes US.
Duka timana eta batur kuring teh mendakan kecap EUY,
tina TV atawa film jigana mah. Tah ari pokna teh, "EUY
ke sini!", cenah. "Tuh si EUY sudah datang!", pokna
teh. Padahal tara ieuh kuring make kecap EUY ari
ngobrol. Dijelaskeun oge da hese. Jigana di dieu
ciciren yen basa teh 'hirup'. 

Kumargi kitu, kuring mah ari ngabasakeun teh, kumaha
situasina we. Upami tos jelas nya nganggo cara Kang
Didin, tapi upami can jelas mah sok nganggo cara Kang
Oman. Ngan nu karasa ku kuring, cara Kang Oman jiga
langkung komunikatif, sabab bisa dilarapkeun dina
situasi anu kumaha bae. Saperti komunikasi maya jiga
milis ieu.

Salam,
MH

--- oman abdurrahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Kang,
>  
> Rupina dina budaya Sunda, kecap atawa sebutan
> "akang" teh tos jadi "icon" anu nyorangan, heunteu
> pakait sareng umur atawa darajat pangaweruh, jsb.
> Sakurang-kurangna, kitu "revitalisasi" anu dicekel
> ku....hanjakal karek ku sorangan....hehehe.
>  
> Namung, maksud mah kieu: tina pangalaman anu
> karandapan, sebutan "ayi" ka sahandapeun kadang
> katarimakeun ku anu disebutna teh siga ngamenakeun,
> jadi anjeunna nolak sapogodosan. Atuh dina obrolsan
> sapopoe, sebutan "akang" teh langkung karasa mawa
> warna kasundaan, tinimbang karasa salaku kecap anu
> nuduhkeun umur atawa darajat. 
>  
> Aya eta oge anu migunakeun kecap sejen. Upamana bae,
> Abah Surya sasari migunakeun kecap "agan". Namung
> ieu teh heunteu ka asal bae, hartina heunteu
> digunakeun ka satiap jalmi. Sebutan sejenna, upamana
> bae "Ki", rada beurat oge ngalarapkeunna. Sabab,
> salian ti pikeun ngahormat kana kalungguhan anu
> disebut "Ki",  kalan-kalan sebutan "Ki" teh aya dina
> tempat anu rada heunteu pati dipikaresep. Upamana
> bae: Ki Dukun, jsb. Hartina, "Ki" bisa larap sacara
> umum.
>  
> Ti heula kungsi dipadungdengkeun dina milis, yen
> sebutan "Ki" di Sunda leuwih larap salaku harti
> "the" (definite article) dina Basa Inggris atawa
> "Al-" (isim makrifat) dina Basa Arab. Hartina, anu
> di hareupana make "Ki" teh hiji sebutan atawa ngaran
> anu geus tangtu hartina. Ananpon "tangtu"-na eta
> gumantung pamahaman sewang-sewangan jeung "konteks"
> obrolan atawa wacanana. Lebah dieu, sigana harti
> sebutan "akang" oge di Suda ayeuna geus ngajanggelek
> jadi harti anu tangtu tea ("the" atawa "al" dina
> basa sejen). Dina kecap/sebutan "akang", anu geus
> tangtuna teh nyaeta: yen anu disebut atawa anu
> nyebut atawa duanana eta ti (budaya/masyarakat)
> Sunda atawa ngajak asup migunakeun basa jeung budaya
> Sunda. Kumah upama kitu "revitalisasina", Kang?
>  
> Baktos,
> manAR  
>  
>  
> 
> 
> Didin Kustandi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> NGABASAKEUN
> 
> 
> 
> Tadina mah maksud nulis teh rek �mairan pamairan�
> kang Ade A. Komara anu di Jepang tea perkara
> �Peluang Ki Sunda jadi Presiden�. Tapi, kakara tret
> (tret mah lamun nulisna ku pulpen, nya ? � ari ku
> keyboard, naon atuh ?) ....... nu ngajeblag dina
> monitor teh kieu :
> 
> Kang Ade, perkawis pasipatan Urang Sunda ��
> 
> Tah, kakara tepi ka dinya, ieu hate bet jadi galecok
> sorangan, naha bet jadi kang Ade, kapan kamari mah
> nyebut teh Ayi Ade ? Heu-euh, nya ! Tapi asa mending
> nurutan kang Oman, nyaeta paakang-akang ! Leuh, atuh
> meureun jadi teu puguh ari kitu mah, sabab ngandung
> harti teu make aturan ! Ongkoh cenah KUSNET teh boga
> maksud ngaraksa-ngariksa basa ! Mun kitu carana mah,
> atuh meureun ngandung harti henteu ajeg, alias
> "tidak konekwen" tea !
> 
> 
> 
> E-e-eeeeeeeeeh, na bet jadi �haneut� geuning ? Urang
> bahas we atuh, nya !
> 
> 
> 
> ---------------------------------
> Do you Yahoo!?
> Yahoo! Mail is new and improved - Check it out!
> 
> [Non-text portions of this message have been
> removed]
> 
> 
> 
> 
> PENTING..!
> 
> attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada
> seluruh member.
> 
> dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini
> akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership.
> 
> terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express,
> dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya.
> 
> Yahoo! Groups Links
> 
> 
> 
> 
> 
> 
>               
> ---------------------------------
> Do you Yahoo!?
> Yahoo! Mail - 50x more storage than other providers!
> 
> [Non-text portions of this message have been
> removed]
> 
> 
> 
> ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor
> --------------------~--> 
> Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion
> Toolbar.
> Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
>
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/IotolB/TM
>
--------------------------------------------------------------------~->
> 
> 
> PENTING..!
> 
> attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada
> seluruh member.
> 
> dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini
> akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership.
> 
> terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express,
> dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya.
>  
> Yahoo! Groups Links
> 
> 
>      [EMAIL PROTECTED]
> 
>  
> 
> 


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
     http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
     [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
     http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke