Ieu pangalaman kuring kapapancenan jadi anggota TPS
di kampung kuring (Desa Beji Kacamatan Beji Kota Depok
Jawa Barat).
Jam 6 isuk, katua TPS ngagedor panto, Di TPS can aya
sasaha, mangkaning korsi jeung meja can dirapihkeun.
Atuh gura giru ka TPS ngabeberes meja, korsi, papan
pangumuman. Enya keur peuting teh rada kamalinaan
lalajo televisi. Biasa cutrak-cetrek ngome chanel
stasiun televisi anu mintonkeun maen bal jeung
tayangan para capres-cawapres nyaranyi dibaturan ku
orkes �remen sintren� na Djadug Ferianto.
Teu karasa waktu nyerelek nepi ka jam 02.30, padahal
final Eropa skorna masih 0-0. Lamun teu inget tugas
jadi panicia mah rek diteruskeun tah lalajo maen bal
teh.
Jam 06.15 anggota TPS sejenna kakara mucunghul. Jam
07.00 kakara rengse beberes, langsung dibuka acara
ngangkat janji salaku panicia. Jam 07.15, dibuka
pendaftaran para warga nu rek nyoblos. Nepi ka jam
09.30, warga anu nyoblos kakarek aya 30 an. Padahal
warga anu aya hak nyoblos the jumlahna aya 251. Nya
kapaksa atuh anggota kaamanan ditugaskeun, ngayakeun
�serangan pagi� ngagedor ka unggal imah, supaya geura
ka TPS sangkan ngalaksanakeun hak nyoblosna.
Nepi ka jam 12.00 ngan aya 195 urang anu nyoblos. Jam
13.30 kotak sora dibuka.13 sora ka Wiranto, 20 sora ka
Mega, 84 sora ka amien, 46 sora ka SBY, nol sora ka
Hamzah. Aya 32 sora anu teu sah, sabab nyoblosna
parat/tembus . Sigana surat sorana dibukana ngan
saliwat. Sabada diitung jeung ditulis di blangko
�Berita acara�, aya beja KPU ngumumkeun di televisei
surat sora anu dicoblos tembus/parat, dianggap sah.
Atuh riweuh. Ahirna konsultasi ka KPPS, cenah engke di
KPPS sora anu teu sah tee rek dipariksa deui.
Kuring manghanjakalkeun ka KPU, mani sangeunahna
pisan, ngaralat hiji kaputusan, mani teu kireum-kireum
jeung teu aya rasa salah. (tingali, anu ngaralat
kaputusan KPU teh Anas Urbaningrum, anggota KPU biasa.
Padahal lamun eta kaputusan penting sakuduna mah jalma
nomer hiji di KPU anu kudu ngabewarakeun). Padahal di
lapangan para panicia satekah polah, hayang
nyukseskeun pemilu presiden. Sigana KPU nganggap
enteng jeung teu pati ngahargaan ka petugas di
lapangan.
mrachmatrawyani
__________________________________
Do you Yahoo!?
New and Improved Yahoo! Mail - 100MB free storage!
http://promotions.yahoo.com/new_mail
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/