Kungsi kuring maca tulisan siga dihandap ieu tapi poho 
deui tina buku naon jeung saha anu nulisna hapunten kanu 
kagungan carios......!!!

Cenah...urang sunda geus parangling ku sundana pituin 
contona ku aksara sunda, keukeuh anu disebut aksara sunda 
teh abjad hanacaraka tah basa ti heula geus dijentrekeun 
ku si mama manar...kade..kade tong he love catet.....!

Terus ceuk anu kagungan carios teh dina 
lamunannana........naha baju tradisi nu sok dipake 
sarupaning stelan bendo, baju takwa, sinjang dodot 
reujeung selop naha enya banda urang sunda, baju tradisi 
sunda....? Lamun seug diimeutan mah naon bedana jeung nu 
dipake ku seler jawa....? da euweuh bedana, nu kumaha atuh 
baju anu mandiri urang sunda teh...? naha  anu sok biasa 
dipake ku urang baduy atawa nu sok dipake ku urang kampung 
naga....??

Cing mama manar pangjentrekeun....atanapi kasing saha wae 
anu gede katineungna ka kisunda, 

Mengpar tina poko carios, ngeunaan raksukan keneh ieu 
simkuring kagungan cutatan ngeunaan pakem di raksukan 
mangsa kiwari, mangga nyanggakeun :

Cing....saha anu embung disebut gandang, ginding,necis, 
perlente, sieup tur pantes ku batur dina barang pake...? 
Boh lalaki boh awewe komo dina acara anu resmi mah, nya 
sikep ieu pisan anu disebut “Well Groom” atawa 
seni ngadu maniskeun anggoan

Sawatara jelema boga pamadegan cenah panampilan teh 
nyirikeun status, gengsi jeung pergaulan,kukituna tong 
kaget lamun salah saurang hayang panampilanana disebut 
Well Groom kudu meakeun waragad, tanaga jeung waktu anu 
lain saeutik

Well Groom teh nyaeta sikep jalma anu ditangtukeun ku 
anggoan anu dianggona,kitu cenah palsapah tata santun dina 
ngadi busana nu geus jadi pakem pikeun masarakat di 
sawatara beulahan dunya kaasup indonesia

Nganggo raksukan anu kaasup kana palsapah Well Groom eta 
cenah kudu diluyukeun atawa disurupkeun dangdanan jeung 
kagiatan anu bade dilakonan,upamana bae pikeun 
ngawulang,ka kantor,ka lembur, atawa ka pesta tangtosna 
oge kedah tumpa-tumpa kitu deui upama bade ngalayad anu 
kapapastenan, hartina datang kahiji acara atawa pasamoan 
biasana geus sasadiaan sarupaning anu rek dipake,di adu 
maniskeun, disurupkeun pulas baju atawa corak baju, 
calana, dasi,sapatu, tas,anting,geulang, beubeur,minyak 
seungit jste

Ngan hanjakalna aya ciri-ciri yen make sagala merk-merk 
ngetop jeung ngepop ngarupakeun kakuduan,tingali we aya 
anggapan bakal pede lamun make merk anu keur ngetrend, 
upamana keur olahraga make merk NIKE, REEBOX, DIADORA keur 
baju gawe jeung gaul make merk RALPH LAURENT, NINO CERRUTI 
1881, MARKS & SPENCER, CALVIN KLEIN, GAP, JC PENNY, 
ARROW,KENZO, ELLE nepi ka DONA KARAN NEW YORK (DKNY) bakal 
dipake,kitu deui minyak seungit, kosmetika merk-merk beken 
anu jadi pilihan anu cenah bakal ngangkat darajat anu 
makena (enya...kitu...?)

Perkara saperti kitu teu ngabibisani,sim kuring oge osok 
matut-matut maneh supados disebut Well Groom da di 
henteu-henteu oge embung ari disebut atawa kaasup KORMOD 
mah,ngan nya kitu tea waragad anu teu nyumponan jadi 
palebah merk mah peureum, nu penting aya unsur adu 
manisna,ulah ieu mah geus GORDON (Goreng Dodonges) teh 
pulas baju jeung calana hare-hare,sugan we atuh ari Well 
Groom saeutik mah rada-rada meueusan teu gordon 
teuing.......!
areudeuk.......yeuh....WELL GROOM........!

Oby tea

===========================================================================================
"Gabung INSTANIA, dapatkan XENIA. Daftar di www.telkomnetinstan.com, langsung dapat 
akses Internet Gratis..
Dan ..ikuti "Instan Smile" berhadiah Xenia,Tour S'pore, Komputer,dll, info hub : 
TELKOM Jatim 0-800-1-467826 "
===========================================================================================


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70
http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke