--- bosetektea <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Terus ceuk anu kagungan carios teh dina
> lamunannana........naha baju tradisi nu sok dipake
> sarupaning stelan bendo, baju takwa, sinjang dodot
> reujeung selop naha enya banda urang sunda, baju
> tradisi sunda....? Lamun seug diimeutan mah naon
> bedana jeung nu dipake ku seler jawa....? da euweuh
> bedana, nu kumaha atuh baju anu mandiri urang sunda
> teh...? naha anu sok biasa dipake ku urang baduy
> atawa nu sok dipake ku urang kampung naga....??
>
> Cing mama manar pangjentrekeun....atanapi kasing
> saha wae anu gede katineungna ka kisunda,
Lamun kawenehan, lamun ieu mah, nepi katimuna ku ahli
nalungtik sajarah yen raksukan urang sunda anu sajati
teh jiga model 'anu'. Kira-kirana urang rek kumaha?
Naha rek miluan marake raksukan model 'anu' tea kitu?
Rek baralik deui make toropong waktu ka waktu jaman
nini anteh. Sabab ku-'heman'-na kana budaya Sunda tea.
Anggap we raksukan sunda teh, kampret hideung, calana
pangsi, iket barangbang semplak atawa dudukuy cetok.
Der kabeh urang sunda marake eta 'uniform' teh.
Sakumna urang Sunda anu rek ka sawah, rek ka kantor,
nu naek motor, nu nyupiran nyorangan, nu naek kareta
api, nu naek kapal luhur kabeh marake 'uniform' tea.
Meureun di tiap tempat kudu aya tempat parkir khusus
tah keur nyimpen cetok.
Kitu deui sabangsaning kempis paragi wadah cai, urang
garanti we ku wadah cai buah kukuk, anu jiga kendi
tea, da ngarah 'nyunda' sugan.
Leuh kabayang kumaha balukarna tah.
Loba ahli anu nulis ngeceskeun yen urang Sunda teh
identik jeung Islam. Boh ahli urang Sunda pituin, ti
seler sejen, malah ti nluar nagreg sagala,
kasimpulanana teu jauh beda. Maranehna sapagodos yes
urang Sunda teh identik jeung Islam.
Tah kulantaran kitu, lamun urang rek ngawahan hayang
nyunda, ngarah teu hese neanganana jiga kumaha nu
nyunda teh, jigana leuwih praktis maked ukuran Islam.
Masalah raksukan, misalna, atuh bebener we make paoong
Islam. Pan dina Islam oge da fleksible, teu ieuh
disebutkeun yen baju anu jiga dipake ku urang Arab anu
Islami teh. Tapi ukuran na teh pan, nutup orat
geuning. Atuh lamun kitu mah, modelna mah rek kumaha
wae oge teu jadi masalah.
Lamun urang haben wae hayang nyunda teh neangan anu
'sajati' sunda. Jigana lebeng moal kapanggih. Salah
sahiji alesanana pan budaya tulis teh di urang mah,
tong boro jaman Sunan Ambu, dalah jaman kiwari oge
hese beleke. Jadi lamun urang ngaheumbat ka tukang,
nepi ka jaman Sunan Ambu, meureun batur mah geus nepi
kamana tah? Sanes kitu? Wallahualam.
Salam,
MH
> Mengpar tina poko carios, ngeunaan raksukan keneh
> ieu
> simkuring kagungan cutatan ngeunaan pakem di
> raksukan
> mangsa kiwari, mangga nyanggakeun :
>
> Cing....saha anu embung disebut gandang,
> ginding,necis,
> perlente, sieup tur pantes ku batur dina barang
> pake...?
> Boh lalaki boh awewe komo dina acara anu resmi mah,
> nya
> sikep ieu pisan anu disebut �Well Groom�
> atawa
> seni ngadu maniskeun anggoan
>
> Sawatara jelema boga pamadegan cenah panampilan teh
> nyirikeun status, gengsi jeung pergaulan,kukituna
> tong
> kaget lamun salah saurang hayang panampilanana
> disebut
> Well Groom kudu meakeun waragad, tanaga jeung waktu
> anu
> lain saeutik
>
> Well Groom teh nyaeta sikep jalma anu ditangtukeun
> ku
> anggoan anu dianggona,kitu cenah palsapah tata
> santun dina
> ngadi busana nu geus jadi pakem pikeun masarakat di
> sawatara beulahan dunya kaasup indonesia
>
> Nganggo raksukan anu kaasup kana palsapah Well Groom
> eta
> cenah kudu diluyukeun atawa disurupkeun dangdanan
> jeung
> kagiatan anu bade dilakonan,upamana bae pikeun
> ngawulang,ka kantor,ka lembur, atawa ka pesta
> tangtosna
> oge kedah tumpa-tumpa kitu deui upama bade ngalayad
> anu
> kapapastenan, hartina datang kahiji acara atawa
> pasamoan
> biasana geus sasadiaan sarupaning anu rek dipake,di
> adu
> maniskeun, disurupkeun pulas baju atawa corak baju,
> calana, dasi,sapatu, tas,anting,geulang,
> beubeur,minyak
> seungit jste
>
> Ngan hanjakalna aya ciri-ciri yen make sagala
> merk-merk
> ngetop jeung ngepop ngarupakeun kakuduan,tingali we
> aya
> anggapan bakal pede lamun make merk anu keur
> ngetrend,
> upamana keur olahraga make merk NIKE, REEBOX,
> DIADORA keur
> baju gawe jeung gaul make merk RALPH LAURENT, NINO
> CERRUTI
> 1881, MARKS & SPENCER, CALVIN KLEIN, GAP, JC PENNY,
> ARROW,KENZO, ELLE nepi ka DONA KARAN NEW YORK (DKNY)
> bakal
> dipake,kitu deui minyak seungit, kosmetika merk-merk
> beken
> anu jadi pilihan anu cenah bakal ngangkat darajat
> anu
> makena (enya...kitu...?)
>
> Perkara saperti kitu teu ngabibisani,sim kuring oge
> osok
> matut-matut maneh supados disebut Well Groom da di
> henteu-henteu oge embung ari disebut atawa kaasup
> KORMOD
> mah,ngan nya kitu tea waragad anu teu nyumponan jadi
>
> palebah merk mah peureum, nu penting aya unsur adu
> manisna,ulah ieu mah geus GORDON (Goreng Dodonges)
> teh
> pulas baju jeung calana hare-hare,sugan we atuh ari
> Well
> Groom saeutik mah rada-rada meueusan teu gordon
> teuing.......!
> areudeuk.......yeuh....WELL GROOM........!
>
> Oby tea
>
>
===========================================================================================
> "Gabung INSTANIA, dapatkan XENIA. Daftar di
> www.telkomnetinstan.com, langsung dapat akses
> Internet Gratis..
> Dan ..ikuti "Instan Smile" berhadiah Xenia,Tour
> S'pore, Komputer,dll, info hub : TELKOM Jatim
> 0-800-1-467826 "
>
===========================================================================================
>
__________________________________
Do you Yahoo!?
Take Yahoo! Mail with you! Get it on your mobile phone.
http://mobile.yahoo.com/maildemo
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/