Haturan Kang,
Naha nasib teh bet harib-harib jeung abdi. Pagawean keur ngabadeg beak
kadaek, ngahibur diri ku nguseup di balong Kang Wa1 kalahka disanggut anak
jaer, subuh-subuh tidagor kana tungtung ranjang, miang  ka pabrik gorobag
mogok hilap teu kacaian, sorena ngojay ngadon tidagor kana sisi balong,
ayeuna ge rada rieut keneh, samemehna tennis oge, sami di jendol, hadena teu
kudu mayaran lapang jeung cai da tos aya jatah pabriks, ngajual motor ari
dijajal ku nu meuli kalahka teu hirup wae, kalamian ngajogrog di buruan....

-----Original Message-----
From: Rukayadi Yaya [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Thursday, July 08, 2004 12:32 PM
To: [EMAIL PROTECTED]
Cc: [EMAIL PROTECTED]
Subject: [UrangSunda] Katurug katutuh....


Baraya kumaha daramang, nuhun atuh ari daramangmah,
tos lami pisan henteu ngalungkuen email, ari
noonganmah terus bae da puguh cinta ka ki Sunda.

Nyeta atuh baraya kuring teh keur katurug katutuh
pisan. Geus puguh nu jadi lanceuk keur gering ripuh,
cenah mah mung ngantosan dawuh, sabeulah awakna geus
teu mere respon. 

Balik ka Korea, ngecrek bae hujan teu eureun-eureun,
padaringan kosong euweuh beas sasiki-siki acan,
laporan numpuk, pigaweeun ngalayah, jaba barudak nu
saripit ngabebereg hayang buru-buru lulus, telpon
krung-krang-kring-kring bae, jaba mimiti Agustus beak
kontrakan, indung suku titajong mani nyeri, seuseuhan
numpuk, imah beletuk teu kaburu kaurus, bakteri di
laboratorium loba nu paeh, tali kolor pegat deuih teu
kaburu kekerod-kekerod acan, jaba kamari tennis eleh
atuh kudu mayar keur dahar jeung meuli bal, katambah
ku mules beuteung deuih, hawa Seoul panas bayengyang,
loba reungit......lieur..ah...katambah deuih Kang Agum
Gumelar keok....kumaha ieu teh.

Yaya
(Tungtung Seoul)



                
__________________________________
Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail - 50x more storage than other providers!
http://promotions.yahoo.com/new_mail



Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links



 


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70
http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke