Mang Jamal, Kang Boim , araya kitu ? Ieu nambih informasi.
Kahiji, perkawis PSK Numutkeun katerangan ti pun Uwa di Nagrak, Kec. Paseh, jarak ka SMA (SMAN Cimalaka atanapi SMAN Conggeang) aya 2-3 km. Janten upami aya kelompok baca di Nagrak sae pisan. Informasi ti Kec. Wado, Sim kuring tos mendak Bapak Guru SMAN Wado nu kersa malih bingah pisan pami katitipan buku. Pak Meme dugi ka danget ieu sukses ngasuh barudak rumaja di lembur kuring boh para siswa SMP/SMA oge nu putus sekolah dina widang olah raga (sepak bola, voli) malih aya salah sawios asuhanana kalebet tim pelatnas sepak bola). Janten pami disuplay buku-buku olah raga sigana langsung dirangkul. Numutkeun informasi ti tatanggi sanesna, Pak Meme langkung tiasa ngaraih barudak, ngempelkeun barudak pami bade katamuan saha bae timana bae, komo deui pikeun kamajengan diajar mah bingah pisan. Angka putus sekolah di SMPN 2 di dieu lumayan. Tahun ieu lulusan SMP nu jumlahna 190 siswa teh nembe 100 (informasi ti TU)nu tos terdaftar ka SMA, janten seueur ...... asuheun lumayan. Khusus rencana PSK di Sumedang, keputusan akhir KUSNET eh Yayasan Perceka nya, bade dimana wae oge sim kuring mah Insya Allah ngadukung, bade ngiringan nambihan koleksi buku bukuna. Kumaha teknisna? Kadua, Dina tahun ajaran baru ieu sim kuring sareng Bapak kepala SMAN Wado aya rencana bade dialog/talk show sareng para siswa kelas III Wado ngeunaan persiapan belajar sabada lulus SMAN. Pangalaman sim kuring ngadongkapan para siswa SMAN kelas III di daerah (sanes Sumedang bae) seueur nu baringung mun tos lulus SMAN bade kamana jeung kumaha. Ku jalan dialog tur bagi-bagi pangalaman ti nu tos janten mahasiswa atanapi para profesional, harepan teh mugia tiasa maparin motivasi ka barudak pikeun soson-soson diajar, oge gaduh pertimbangan kanggo pilihan studi/karirna. Implengan mah hoyong sekitar Agustus, bade dialog ka SMAN Wado teh sareng mhs wakil ti: UPI : jur Pend MIPA/IPS/OR/Bahasa UNPAD: Pertanian/Sastra/Ekonomi IAIN: Psikologi/studi agama ITB/ITENAS: Teknik Pokokna tiasa ngawakilan bidang studi IPA, IPS, Bahasa. Saha nu bae ngiring ameng ka lembur sim kuring bari babagi pangalaman/kanyaah .... diantos wartosna. Sementawis sim kuring sareng kepala sakolana bade milari tgl nu pas. Hatur nuhun kana perhatosanana. Wasalam, Ely Djulia --- In [EMAIL PROTECTED], mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > Nuhun kang Boim, > tos dicatet. ke diprogramkeun sareng balanja bukuna. > mung perkawis buku pelajaran teh rada riweuh. margi ceuk cenah, unggal > sakola teh ngangge bukuna benten-benten. janten dina badena kedah naros ka > SD atanapi madrasah sabudeureunana, buku terbitan mana nu diangge. > buku-buku bacaan umum kanggo barudak mah tiasa langsung. > > nuhun sakali deui > > Sok atuh USS (haha, urang sunda sumedang) ulah ngan ukur tandang ngan > nyanyandang kahayang wungkul hehehe ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar. Now with Pop-Up Blocker. Get it for free! http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

